kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Bintang Emas
Hiji jalan geusan panggugah kabujanggaan!
Hiji jalan geusan panghudang ka tukang ngarang!
Kajabi ti pasang-giri (saémbara) ayeuna aya deui pangjurung, pangdeudeul pamakayakeun pamakihikeun Java-Instituut, nya éta baris ngabintangan buku Sunda anu kapilih pangsaéna, buku saha baé, kaluaran atawa citakan mana baé, henteu tolih, sok mun alus, basana alus ungkarana, anu keuna anu ninggang kana enyana, merenah dina rasana udagan Java-Instituut. Dibintanganana ku hadiah artos f 500, éstu wungkul hadiah ganjaran, panambah kauntungan ka anu kagungan damel, ka anu ngarangna
LIMA RATUS RUPIAH.
Tur ka anu kagungan damel henteu aya pisan naon-naona, ieu mah nawuku nambahan untung, tawis bingah pangjurung laku.
Prung geura ngararang!
Perlu diaos ieu serat béwarana ti Hoofdbestuur Java-Instituut.
SERAT BÉWARA
Hoofdbestuur Java-Instituut parantos sabilulungan nangtoskeun yén dina unggal-unggal taun, baris ngahaturkeun hadiah (ganjaran) ka nu ngarang buku-buku basa Sunda, Jawa, Madura sareng Bali anu katimbang saé basana saé ungkarana.
Unggal taun pikeun sahiji-hijina basa téa disayagikeun artos f 500, (Lima ratus rupiah), anu baris dihadiahkeun boh sadayana boh ngan sabagian baé.
Sugri anu kagungan karangan, atanapi anu ngaluarkeunana upami hoyong ngiring kana ieu balap hadiah, kedah ngintunkeun bukuna téa ka Sékrétaris Java-Instituut Laan Wiechert 13 Weltevreden.
(Sumber: Poesaka Soenda edisi 1924-01-02 (07), kaca 112)
Start your day with Yahoo! - make it your home page
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

