muhun kang boim, abdi ngarojong kana hal ieu teh..
 
para warga kusnet sadayana.. maranngga tuliskeun kereteg sareng ide2na..
 
tapi pami tiasa mah ide atawa tulisanna nu sae/ heunte asal, dina artian aya peurahna kangge ki sunda,  atuh pami teu tiasa aya peurahan tulisanna nya satiasana/ sakamampuhna.. da kuring balarea teh di pasihan uteuk jeung pikiran siga alam bumi, muter.
 
atuh pami bensinna mastaka mah taya lian maca nu seueur; boh sunda, inggris, arab, indonesia, melayu jrrd, teras nulis.
 
 kang iim , muhun ke abdi bade nulis perkawis anu aya pakuat-pakaitna sareng urang balarea...doana weh ti kuncen bungsu.. da bungsu mah sok diogo, oge doana ge dikabul hehe.
 
ngenalkeun atuh sim kuring: batur mah asgar ari abdi mah turgar, turunan garut, ibu-rama garut. abdi digedekeun di bandung...- bandung teh geulis euy-- lain harti geulis ku awewe, tapi geulis lantaran inohong indonesia diborojolkeunna didieu...percaya tidak percaya sama saya, urang sunda ulah nepi ka jati kasilih ku junti....
 
urang sunda kugu boga geregeut seutik mah/ silaing teh boga kaleuwihan/kelebihan nu pohaara euy!!...
sok ras ingeut ka tulisanna bapak Juanda, inohong nu kantos ngajabat di fbi indonesia.. ari nyabit2 gereget teh...............
 
kantos bubuara ka mesir, lima tahunan, biasa milari alip bingkeung tapi tacan mendakan wae. ayeuna abdi teh /dumuk di Tetwan, kota beh kidul -pisan karajaan maroko, kota ieu pagigir-gigir sareng kota Ceuta/ sebta- sepanyol..
 
insaalloh pami alip bingkeung tos kapendak abdi bade milarian hurup be/ba parahu, kangge mentas ka sepanyol, tuluy ka perancis........ah  moal ketang kaburu kolot........meningan berkarya ayeuna mah nya...
 
kang im kumaha tahu sumedangna?......raos pisan nya..
kang im tuh di mesir seuer nonoman sunda nu keur milari alip bingkeung, aya kana 350 jalmian--- campur di tatar sunda..
 
salah sahijina aya oge nu sok noongan ieu milist...
 
atos heula ti sim kuring,
baktos,
pangais bungsu
wasalam
kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan baraya US....,
wilujeng rawuh kanggo baraya enggal, mugia betah tumaninah riung
mungpulung di lembur babakan kusnet. Mangga tong isin-isin bilih gaduh
peperenian geura pedar saha nu terang aya manfaatna kanggo urang
sadaya.
teu hilap nepangkeun sim abdi Boim bin Iim kawit ti Sumedang (sok
sanajan lahir di Bandung).

Cag...ah, nuhun.

"kujangs"
(kuncen bungsu /#7)

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke