Waalaikumsalam wr. wb.
Mangga linggih kang Natapradja, di lembur bakus (babakan kusnet) mangga sing betah wae didieu. Nepangkeun atuh si teteh dumuk di Sby. Sok resep aya baraya bade ngamajeungkeun budaya sunda, komo di nagri batur, salut ah kang...! mung hanjakal si teteh teu bisa nulungan eta kahoyong, da kirang terang lagu sunda anu sapertos eta mah. Sakaterang sim kuring ari sholawat anu sok di dengungkeun samemeh adzan magrib di masjid2 didieu mah namina tarhim. NU kieumah seueur di toko2 sabudeureun di Ampel Sby.
Mangga baraya tulungan kang Nata, manawi aya anu terang.
Wassalam
teh ipeut
S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum wr wbHatur nuhun hususna ka moderator Urang Sunda , abdi seja ngiringan ahhh sareng ngarewong,sananos abdi jauh di pangumbaraan tapi asa katarik ku leket na babarayaan di milis ieu teh.sareng ka anu sanesna jisim abdi seja ngenalkeun diri.Sakali deui Hatur nuhun.Salajengna ieu mah manawi sareng manawi, akang seja naroskeun saupamina aya di antawissaderek urang sunda anu gaduh keneh lagu sunda kapungkur anu judul na " Yaumal Kiamah "duka saha ari anu nyanyi sareng ngarang na mah, kaleresan akang peryogi pisan kanggo ngabudayakeunlagu sunda di nagara kangguru,akang teh parantos usaha ka rerencangan tur nanaroskeun, tapi dugi ka ayeunateu acan aya respon, ari numutkeun katerangan mah saurna kadang2 osok di tayangkeun di TVRI bandungsamemeh adzan magrib, ku kituna akang neda di rojojng dina ngabudayakeun seni urang di nagara batur,manawi aya anu tiasa mang ngarekamkeun atuh sae2 upami aya anu tos gaduh mp3 na, nuhun sateuacan na.ieu email akang [EMAIL PROTECTED].Wassalamu'alaikum wr wbS M Natapradja
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

