Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 31 Juli 2005 di 
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah 
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Anu sumping dina ieu acara : ----------------------------------------
- Kang Maman Gantra                     Rombongan Bogor :
- Kang Tirta sareng palaputra           - Kang Runa Inawan
- Kang Agus Azzo sareng istrina         - Kang Herdiansyah
- Kang Ikmal                            - Kang Rezza
- Kang Kamal Idris                      - Kang Hendra
- Kang Irfan                            - Kang Dadang Sujana
- Kang Gunawan Yusuf                    - Kang Cepi
- Kang Rachmat Rawyani                  - Kang Yayan Mulyana
- Kang Kang Yan Sastra ti Newyork       - Kang Dadan Diana
- Kang Didi                             - Kang Dudi Herlianto
- Teh Titi                              - Kang Ibnu Abdie 
- Teh Imas                              - Teh Mia
- Kang Duli jeger                       - Teh Anna dharah
- sareng abdi : Ndoell

Kagiatan / Acara  : ---------------------------------------------

Silaturahmi, saling ngawanohkeun sareng sosonoan;

Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina usulan-usulan ti anu 
haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat sareng konsep nyaeta :
- Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu leubeut ku nuansa   
  kahirupan pilemburan;  atanapi,
- Konsep Konvensional : diayakeun Gedong Pertemuan, Villa, Tempat 
  Rekreasi, jsjbn

kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng dumasar kana sababaraha 
pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu gaduh pancen kanggo 
milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal Bihalal dina 
waktos sasasih,  nyaeta :
- Bogor : Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca
- Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang Didi
- Jakarta : Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri
- Bandung : Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva
anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen, kumargi ieu teh tos 
janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim Survey, tiasa 
kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta.

di selingan ku :
- Dongeng pangalaman Kang Yan Sastra, Master Arsitek anu dumuk di 
  Newyork, USA anu mikanyaah kana seni sunda Pencak Silat;
- Pedaran ngeunaan kagiatan unit Mahasiswa IPB : Lingkung Seni Sunda 
  Gentra Kaheman, hiji kagiatan anu matak reueus sareng kedah di 
  dukung ku urang sadayana;
- Ngadugikeun usulan ti Mang Hasan perkawis garapan kursus online   
  pikeun diajar maca naskah heubeul,Insya Allah bade dibadantenkeun 
  ku Kang Rachmat sareng Mang Ayat;
- Ngadugikeun pangajak ti Kang Rudi, kanggo ngagarap Poesaka Sunda;
- Uleman ti Kang Ikmal sareng Teh Ani anu bade Jatukrami dina ping 14 
  Agustus 2005 di Subang. Kumargi ieu teh mangrupikeun hajatan 
  Kusnet, anu bade sumping mangga jajaprian supados tiasa ngaluuhan 
  ieu acara sasarengan dina waktosna.Uleman resmina bakal didugikeun
  ku Kang Ikmal.
----------------------------------------------------------------------
Hatur nuhun pisan ka Sohibul bait : Teh Imas sakulawargi anu sakitu 
direrepot parantos nyayogikeun tempat anu sakitu merenahna sareng 
sagala rupina.

Hatur nuhun ka baraya anu parantos ngersakeun sumping, jauh-jauh 
dijugjug, anggang-anggang diteang, nu ti Jakarta, ti Tangerang, ti 
Bekasi, ti Bogor ....
Nuhun dihapunten bilih aya kakirangan dina sagala panampina, pamugi 
sadayana tiasa ngama'lum.

Hatur nuhun oge anu parantos ngintun imel, nelpon sareng ngintun SMS, 
merhatoskeun ieu acara sareng ngawartosan teu tiasa sumping.

Kanu teu tiasa sumping, manawi dina acara-acara sarupaning Kopdar anu 
bade dongkap tiasa nungkulan. Kopdar salajengna direncanakeun awal 
sasih September di Kampus IPB Darmaga Bogor. bewara lengkepna, nyusul.

Manawi sakitu pedaranana kagiatan Kopdar teh, kanggo salengkepna 
manawi tiasa didugikeun ku Kang Tirta sareng nu sanesna tiasa 
nambihan.

Hatur nuhun kana sagala perhatosanana.

Wassalam,
-Ndoell-

en be : 
- Poto-poto bakal dipostingkeun sarengsena di edit, sabar we, nya...!
- Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga ngajapri ka Teh Imas.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hnimvqe/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122872002/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Give
 underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to 
life by funding a specific classroom project  
</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke