Kang Didi, Kang Lukman, Kang Nanang, Kang Kung (aeh punten), dinten minggu
kamari teh teu acan aya keputusan (upami teu lepat ?, margina abdi wangsul
tipayun), bade dijalankeun di pilemburan atanapi di hotel, villa, atanapi di
tempat pariwisata. Harita nu ngusulkeun di  pilemburan teh Kang Maman
Gantra, ari alesannana (punten bilih nu tos terang) :
1. Dibentukna milist urang sunda keur nanjeurkeun budaya, adat, jst, jst nu
pakait jeung kasundaan, halal bi halal teh hiji wadah keur ngumpukeun urang
sunda di alam maya, tangtuna ieu acara kudu leuwih deukeut kana masyarakat
sunda khususna, contona kirang cocog mun acarana diayakeun di Medan nu loba
urang batak, ceuk basa ayeuna mah ambeh aya interaksi jeung lapangan,
margina seueur urang sunda nu can terang nu kumaha tangkal "pare", padahal
sunda teh gudangna tangkal pare sapertos karawang atanapi cianjur nu sohor
ku beasna.
2. Sacara langsung ngabantos masyarakat sunda khususna keur dina widang
ekonomi masyarakat pedesaan.
3. Biayana langkung mirah
Tah upami acara di ayakeun di Baduy sae pisan, mung hanjakal jalanna tebih
pisan, abdi kantos keur taun 1997, angkat di Serang tabuh 1 siang dugi ka
ditu tabuh 12 wengi, pami bade pilemburan salah saurang anggota-na kedah nu
tos akrab sareng lingkungan, syukur-syukur anjeuna urang dinya asli margina
bilih aya hal nu teu dipikaharep, di Saketi ka arah Malingping daerahna
masih keneh suasana pilemburan, adat istiadatna oge masih kiat, didinya aya
ua abdi, upami panitia nyaluyuan ku abdi bade diiktiarkeun, tempat nu sanes
nu ku abdi kantos diusulkeun basa dinten minggu kamari teh di "Sagalaherang"
wilayah Subang, kaleresan didinya aya Nini abdi, rorompokna ageung sareng
anjeuna tokoh masyarakat nu tiasa ngabantos urang keur milari penginapan,
suasana, adat istiadat kasundaanana masih keneh kiat di ieu wewengkon.
Upami panitia ngaluyuan di Hotel, atanapi villa, abdi bade ngusulkeun di
Anyer, tatanggi abdi urang Bandung caroge-na urang Rangkasbitung (sunda
lah), damel di hotel patra jasa anyer, tiasa ku anjeuna urang kenging
discount.

----- Original Message -----
From: "Didi" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Cc: <[EMAIL PROTECTED]>
Sent: Monday, August 01, 2005 2:13 PM
Subject: [Urang Sunda]


Kahatur Kang Nanang Ndoel nu Ndoel-Ndoelan, kang Gunawan sareng kang Lukman,
oge baraya kusnet sadaya, abdi gaduh ide/masukan/usul kangge
kopdar/kongres+halal bihalal nu aya patalina sareng pancen abdi salaku tim
survey banten, abdi tos gaduh gambaran pilihan daerah diantawisna:
- Konsep Pilemburan : Dilembur baduy rangkas bitung atanapi di Pandeglang
- Konsep Konvensional : Di Kemah Mobil daerah sangiang Labuan.
Rangkas bitung, pandeglang sareng labuan gampil diaksesna, boh kana kareta
boh kana mobil.

Kanggo seksi transfortasi abdi gaduh usul kumaha upami dibentuk korwil
(koordinator wilayah) sapertos wilayah tangerang dikoordinatoran ku saha nya
kitu deui bogor, bekasi bandung, jste, termasuk diluar jawa barat atanapi
diluar indonesia. tah sakitu wae usul ti abdi
Kangge kang Gunawan sareng Kang Lukman diantos saran sareng Ide-na kumaha
tah kang?

Have a nice day &
Best Regards
Kang Didi
Message: 3
   Date: Mon, 01 Aug 2005 02:53:21 -0000
   From: "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Laporan Kagiatan Kopdar - 31 Juli 2005 di Jl. Langsat

Assalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh..

Baraya Kusnet sadaya,
Acara Kopdar anu diayakeun dina dinten minggu, ping 31 Juli 2005 di
bumina Teh Imas di jalan Langsat 10 - Kebayoran, alhamdulillah
parantos kalaksana kalayan teu aya rintangan naon-naon.

Ngabahas perkawis persiapan halal bihalal. Tina usulan-usulan ti anu
haladir, disimpulkeun aya dua pilihan tempat sareng konsep nyaeta :
- Konsep Pilemburan : diayakeun di pilemburan anu leubeut ku nuansa
  kahirupan pilemburan;  atanapi,
- Konsep Konvensional : diayakeun Gedong Pertemuan, Villa, Tempat
  Rekreasi, jsjbn

kumargi kitu, kanggo mastikeun tempat sareng dumasar kana sababaraha
pertimbangan, samentawis dibentuk tim survey anu gaduh pancen kanggo
milarian tempat anu cocog kanggo pelaksanaan Halal Bihalal dina
waktos sasasih,  nyaeta :
- Bogor : Kang Runa, Kang Rezza, Kang Yayan saparakanca
- Banten : Kang Gunawan, Kang Lukman sareng Kang Didi
- Jakarta : Teh Imas, Kang Akos, Kang Kang Hendri
- Bandung : Kang Roisz, Teh Mpup, Teh Iva
anu katunjuk tarang mugi kersa nampi kana pancen, kumargi ieu teh tos
janten hasil putusan, kanggo sagala rupina Tim Survey, tiasa
kordinasi sareng abdi atanapi Kang Tirta.
- Aya nu kakantun buku Diary Planner ? mangga ngajapri ka Teh Imas



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h6vvcqi/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1122953398/A=2896129/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>DonorsChoose.
 A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in 
public schools. Fund a student project in NYC/NC today</a>!</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke