Tah nambih deui pangaweruh perkawis "ki" teh geningan...
Nuhun ka juragan kumincir, tos nambihan harti "ki" sbg "panghurmat".
Dina hal ieu fungsi "juragan" oge sbg "panghurmat", sami upami ngangge "den" kumincir...
Namung dina "ki" ripik, fungsina "nu anu" ripik (kinten2 hartosna "rangu" meureun...)
Cag ah...
Mustakim
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Lebah sebutan "Ki", asana mah beda dilarapkeunana dina kalimah teh... Mun maksudna ka aki-aki, nyebut "ki" teh biasana mah dina tungtung kalimah atawa awal kalimah, jeung tara make rarangken naon2 deui.
"Bade ka mana, Ki?" --> kuring yakin yen nu dimaksud "ki" dina kalimah ieu aki-aki.
Lebah ki dina harti panghurmat, biasana mah sok dituturkeun ku ngaran/sebutan sejen, saperti nu dieceskeun ku MH (nyebut "ki mh" mah asa rancu, mun "mh" nya "mh" wungkul, mun make "ki" mah payusna sebut bae "ki hasan", kitu sanes?).
ki ripik
On 8/1/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kecap "ki" di sababaraha daerah, jiga di Garut lembur
kuring, maksudna lain singketan tina "aki-aki". Tapi
pikeun panganteur kecap ganti lalaki. Upamana wae,
dipake dina frasa "ki silah", "ki adi", "ki hasan",
"ki dulur", "ki alo" jeung sajabana. Dina eta frase
lain hartina "aki-aki silah", "aki-aki adi", jeung
saterusna. Aya baturna "ki" teh, nyaeta "ni". Eta oge
lain asalna tina "nini-nini", tapi pikeun panganteur
kecap ganti awewe, jiga dina kecap, "ni panganten",
"ki panganten", jeung sajabana.
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

