sampurasun baraya, urang sadayana ayeuna dina alam maya, pami kusnet aya agenda jang ngabahas hosting jeung desain ulang situsna urang-sunda.or.id
, seug kabagean naon simkuring, pami kedah kempel di darat hampura teu tiasa, prinsipna kan kieu, jauh dimata deukeut di milist, mun tea mah situsna US rek di jieun pake php+mysql make opensourche, eta leuwih alus, ku sabab hampura yeuh kangge web programmerna, yen bahasa asp heunteu sadayana bisa dirunning ku mesin unix, pami ngangge php nya lanceukna c++, sedengkeun c++ bahasa nu ngawangun kernel unix/linux jadi ngadukung, jeung deuih seueur pisan bahasa php nu di opensourchekeun, kangge desain web sareng programming sapertos :
- Drupal http://www.drupal.org
-ASCMS http://www.ascms.com
-runcms http://www.runcms.com
-geeklog http://www.geeklog.com
jeung sajabana, jeung deuih nurutkeun pangalaman simkuring hosting make server linux/unix, babari jang ngareka ulang kangge desain banner, template, gallery foto, video streaming, animasi flash, jeung nu lain-lainna, oge mun ngangge opensourche eta leuwih sae kangge situs US dijadikeun portal atawa CMS, eh portal / cms teh da sami kitu...???
mun tea mah biaya meuli domain urang-sunda.or.id jeung hosting misalkeun 1145.000 rupiah cigana kabegad tah diurunan ku baraya, meuli domain
or.id ayeuna teh hargina 145.000 rupiah, jeung mayar hosting pertama sajuta, selanjutnya sok aya diskon tiap taunna kisaran 10 %, jeung deuih mun tea mah rek ngadamel widang usaha money oriented ngagunakan jasa situs
urang-sunda.or.id bisa dijieun sub-sub domain jang hiji domain misalkeun jang situs utama :
http://www.urang-sunda.or.id = utama
http://usaha.urang-sunda.or.id = widang usaha dina sub domain US
http://kumincrit.urang-sunda.or.id = sud domain kang kumincrit misalkeun,
http://jualkacang.urang-sunda.or.id = tah misalkeun eusina jang ngajual kacang hungkul
terus di situs utama tingal ngalink keun ka sub domain,
tah mun kitu dina dana alakadarna bisa ngawangun sub domain nu bisa dikembangkeun, oge mun tea mah rek neangan server hosting nu alus insya allah ku simkuring di tuduhkeun sapertos :
http://www.singcat.com = indonesia
jeung sajabana seg, simkuring mere ide we, mun tea mah tanaga kuring diperyogikeun nya bisa ngabantu tapi moal tiasa maksimal....kalayan nuju keur sibuk-sibukna,..
On 8/3/05, Runa Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Muhun tanh kantun ngawangkongna di darat we panginten kanggo ngadiskusikeun ieu ide sadayana. Saur abdi teu aya lepatna malahan mah langkung sae :1. Perkawis Web site (ramatloka), kedah aya pengurusna, kan upami langkung dikoordinir mah mudah2an langkung gampil dina ngaropea na, tah upami aya pengurusna mah.2. Perkawis ngadamel usaha. Abdi mah sapuk pisan kana eta pamaksadan. Kantun hayu lah. Da upami ningali potensi KUSnet mah kalintanng seueurna.Sakitu we heula, upami aya kempelan hayu lah ngiriangan Insya Alloh upami teu aya pamengan. Upami tiasa di bogor abdi ngusulkeunana.Baktos,Runa - Tea
On 8/3/05, Eko Ruska Nugraha <[EMAIL PROTECTED] > wrote:Assalamu'alaikum wr. wb.
Kum wae kasadayana hatur nuhun kana perhatosanana, sarae pisan ideuna
perkawis widang usaha jeung nu liana. Mangga bilih bade aya kempelan
mah mudah-mudahan dina waktosna kuring tiasa ngiringan. Mangga bilih
bade aya kempelan mah, aya nu kersa ngoordinir ?
Sakitu wae heula, hatur nuhun
Wassalam
@ERN
On 8/2/05, kang boim < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Haturan baraya US...,
> sim abdi sapogodos kana naon anu didugikeun ku baraya sadaya, mung
> nyaeta pikeun maheutkeun ieu sakabeh ide urang kudu ngayakeun
> gempungan heula (sakumaha anu didugikeun ku Ua Siddik).
> Tah kukitu sok atuh ayeuna mah kira-kira iraha waktuna anu pasti
> (diluar kasibukan sewang-sewangan utamana nu aya di sabudeureun
> Bandung, Bogor, Jakarta jsd) urang pada ngumpul pikeun nyawalakeun
> kalumangsungan ramat loka ieu kusnet.
>
> sakitu panginten pamendak sim abdi mah, nuhun.
>
> Cag...ah,
>
> "kujangs"
> #kuncen bungsu#
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture Hispanic culture Jewish culture Organizational culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
--
Wassalam Mualaikum Wr Wb
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

