Haturnuhun kang Waluya,
Ari masalah perkawinan mah adbi kantos ngaos di surat khabar,naming adbi
ge teu terang saterasnamah, mung masyarakat baduy mah panginten teu ngangko KUA
atanapi Catatan sipil panginten.
Sareng naha
sami, paham na sunda wiwitan anu aya di kuningan sareng anu aya dibaduy
sapertos artikel ti kang durahman?
Baktos,
Lukman
From: [email protected]
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf
Of Waluya
Sent: Thursday, August 04, 2005
1:44 PM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] buku
sunda wiwitan
Katingalina mah nu disebat "masyarakat sunda
wiwitan" dina artikel ieu mah,
masyarakat di Cigugur Kuningan. Sapertos urang
terang kapungkur di daerah
Cigugur Kuningan aya aliran kapercayaan Pangeran
Madrais, sabagaian penganut
aliran kapercayaan ieu, ayeuna ngangken agemanana
Sunda Wiwitan, sabagaian
deui lebet deui Islam jeung aya oge nu lebet
Katholik. Upami teu lepat mah
Pangeran Jatikusuma teh putuna Madrais. Di millis
dulurna kusnet, nyaeta
Kisunda, aya anggotana nu ngagem "sunda
wiwitan" nyaeta Kang Ira. Di daerah
nu sanesna, aya oge nu ngangken ngagem sunda
wiwitan ngan teu sapertos nu di
Cigugur, nu rada "tarik sorana", kadangu
ka tingkat nasional. Pangeran
Jatikusuma aktif pisan dina nembongkeun seni
budaya sunda kamana-kamana.
Salah sahiji anu sering diwartoskeun upacara seren
taun anu rutin diayakeun
di Kuningan.
Ngangken ngagem "sunda wiwitan", kantos
jadi masalah. Aya sapasang panganten
urang sunda, kulantaran ngangken ngagem Sunda
Wiwitan, henteu ka KUA, tapi
ka Catatan Sipil Bandung. Tapi ku kantor catatan sipil Bandung, ditolak,
margi cenah catatan sipil mung nyatet perkawinan
nu didasarkeun agama di
luar agama Islam. Sedengkeun agama anu diangken ku
nagara ngan aya lima
(Islam, Katholik, protestan, Hindu jeung Budha).
Panganten ieu akhirna
ngadukeun perkara ieu ka pangadilan. Kuring henteu
terang kumaha ujungnya.
Ngan kantos ngadangu komentarna Pa Anis Jatisunda,
lamun teu lepat mah kieu,
naha make henteu disahkeun ku nagara? ari urang Baduy karawinna
make agama
naon?
Baktos,
WALUYA
----- Original Message -----
From: Lukman Hakim
To: [email protected]
Cc: [email protected]
Sent: Thursday, August 04, 2005 11:20 AM
Subject: RE: [Urang Sunda] buku sunda wiwitan
"Pemimpin masyarakat Adat Sunda Wiwitan
Jatikusuma mencoba mengetuk semua
pihak agar dalam soal keyakinan tidak terjebak
dalam kelembagaan karena
sebagai buatan manusia lembaga seringkali terjebak
dalam kepentingan,
misalnya politik"
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS