Haturan baraya sadayana, ......
Dibujeng enggalna, bade minangsaraya kasaha wae anu haat, ka sim kuring. Kuring teh dipeuto ku urang Wetan, kudu nerjemahkeun lagu "MANUK DADALI" kana bahasa Indonesia. Tah Kumahanya...ieu mah keur lomba !7 Agustusan, ku sim kuring diejah sieun salah.....Tah baraya mangga, Kang sidik, kang MH, kang Durahman, kang Dien, Kang Oman, kang Kumincir, Ah......kasadaya wae anu tiasa.....nyaan diantosan......Nuhun.
Kieu Unina.
"Manuk Dadali"
Mesat ngapung luhur jauh diawang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Kukuna Ranggoes Reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hiberna tarik nyuruwuk.
Saha anu bisa nyusul kana tandangna gandang jeung pertengtang taya bandingannana
Dipikagimir diikaserab kusasama.
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya.
Manuk Dadali Pangkakoncara.
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati.
Manuk Dadali gandung siloka sinatria
Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia
Cag, tos kitu.........Hatur Nuhun
Teh Ipeut alias teh Tien
( geuning sesahnya, basa sunda teh...!, si teteh lieureun )
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

