Para wargi,
 
Kang Iwa teh urang Sunda pituin, anjeunna anggota lawas milist kisunda, atuh ayeuna anjeunna oge anggota Kusnet. Anjeunna ahli komunikasi saleresna mah. Si kuring oge sababara dulur di kisunda ti kapungkur sok nga-"daeng"-keun samemeh nami asli anjeunna, kusabab Kang Iwa teh kantos ngumbara, sakola, di Makassar, cukup lami.
 
Mangga Daeng, teraskeun. Abah Surya sareng sababaraha inohong kabudayaan Sunda bade ngempel di Bogor, kaping 1-3 Agustus 2005, kanggo nyawalakeun Sajarah sareng Budaya Sunda, napak tilasa tea. Kumaha Daeng aya maksud ka Bogor dina waktosna?
 
baktos,
manAR
 


 
On 8/8/05, iwa cyber <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
emh,...ambuing..ambuing Kang Manar baladking,....haturnuhun paralun anu kasuhun sateuacana....uninga kieu mah atuh simkuring insya 4JJI bade maksakeun ngalongok sono ka rorompok ajeunna,ngahaturkeun sembah baktos puhunyuk panjenengan, numawi da Abah Surya teh langkung ti sesepuh urang, ku simkuring teh tos dianggap guru,....ambuing..ambuing...meni rareu'eus sararedih nampi beja ti Kang Manar ieu,..

KujangPutra



oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Daeng*) Iwa....haturan,

Mangga ke upami pareng tepang bade dihaturkeun titip salamna. Numawi, anjeunna teh tos rada langki ngalongokan ka milist. Nyakitu tea, sanes teu emut ka urang sadaya, namung jalaran kasehatanana anu tos henteu ngamungkinkeun idek liher lami di milist.
 
Sakapeung si kuring sok mikir, keur pantaran pangersa Abah Surya anu sakitu parantos kasaksian ku urang sadaya payus pisan salaku narasumber kasundaan, oge kana teknologi internet inyana parantos wanoh, asa pantes pisan upama aya anu maparinan akses kana internet kalawan lugina. Maksud teh, ngalamun, hiji waktu Abah Surya aya anu maparinan akses ka internet di bumina langsung supados sakalieun posting atawa ilubiung dina milist teh anjeunna henteu kedah angkat-angkatan ka nu tebih sapertos ayeuna didugdag ti bumina di Sukasari (Ujungberung) ka sundanet.com di Sukasenang (Cikutra).
 
baktos,
manAR
 
On 8/4/05, iwa cyber <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ambuing..ambuing..Kang Manar, punten nitip salam ka Abah Surya,..salam tansah, baktos kapihatur puhunyuk panjenengan ti pun iwa,..naha kamana atuh ka mana inyana taya deui 'mucunghul' di mayapada ieu?? ambing..ambuing..
iwa,..kujangputra


Start your day with Yahoo! - make it your home page

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke