Nembe teh kuring tos ngobrol sareng pa Hasan djafar,
salah sawios anu bade biantara dina dinten jumat ping
12 agustus (pageto), naon-naon wae anu bade
diobrolkeun dina acara eta.

aya sababaraha sumber-sumber sajarah Sunda, nyaeta
prasasti-prasasti anu aya di sababaraha tempat. aya
oge prasasti anu teu acan kabaca pisan. Prassti eta
teh diserat dina basa sanksekerta, jawa Kuna, Melayu
sareng sunda kuna. Tapi aya sababaraha prasasti anu
didamel jaman Walanda anu diparentahkeun ku juragan
Hoelle tea. Ceuk cenah, aya salah sahiji prasasti anu
jadi acuan sareng jadi patokan dinten lahirna kota
Tasikmalaya. Tapi sabada di talungtik deui, geuningan
lepat nerjemahkeunana. Dugi ka ayeuna terjemahan anu
"salah" eta jadi patokan sajarah Tasikmalya.
(tah topik ieu bade janten salah sahiji wacana)

Ayeuna oge aya prasasti enggal ti situs Batujaya
(Daerah Karawang), anu teu acan diterjemahkeun.

Perkara aksara sunda oge, bakal janten topik anu rame,
naha aksara hanacaraka, atawa kaganga.

Mun hoyong terang langkung paos mah, diantos dina
dinten jumaah pageto di R 4101 Gedung IV Kampus FIB
Depok.

baktos,

mrachmatrawyani



__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hp7ktrf/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123667487/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998";>1.2
 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke