Diajar aksara Sunda, muhun, jang "ka tukangna" mah sangkan urang bisa maca & nalungtik naskah2 warisan karuhun. Kapayunna, mun bisa, nya ieu aksara teh bisa dipake salaku perlambang kareueus urang kana jati diri Sunda.
jk
Pada tanggal 8/10/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
kuring rada aya kapanasaran kana perkara aksara sunda
"kaganga" teh. dititenan teh naha mani lengkep-lengkep
teuing, nepi ka aya aksara nu sabenerna arang langka
dipake, malah boa teu pernah dipake, atawa memang teu
perlu aya dina basa sunda. jiga aksara sunda pikeun
padanan "x", "q", jeung "v" dina aksara laten. nahan
timana ieu asalna? naha eta aksara teh memang
diperlukeun pikeun basa sunda? upama kuring maca buku
basa sunda, asana tacan manggihan aksara jiga kitu
dipake dina kecap basa Sunda.
salian ti eta, jadi kapikiran, upama urang diajar
aksara "kaganga", naha bisa dipake pikeun pakarang
maca naskah-naskah basa sunda heubeul? ari ceuk
pikiran kuring, salah sahiji kagunaan diajar aksara
sunda teh, taya lian pikeun bisa dipake maca
naskah-naskah heubeul. cing baraya sugan aya
bongbolongan. sugan ieu perkara kaguar dina eta acara.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Culture | Corporate culture | Hawaiian culture |
| Hispanic culture | Jewish culture | Organizational culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

