bah willy, dongeng teh meuni matak muringkak..

mung nujanten emutan abdi mah, ujung2 na mah anu janten korban teh rahayat.
matak na pesen abdi mah kanu janten pamingpin teh kedah dijagi
saucap-ucapeun kumargi sakecap dua kecap oge ngawakilkeun rebuan malah
jutaan manusa tiasa2 pami asal ucap tiasa nimbulkeun pamasalahan anu ageung.


----- Original Message -----
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>; <[email protected]>
Sent: Wednesday, August 10, 2005 1:24 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : Gus Dur Maafkan Pengancamnya


> Enya kuring oge henteu yakin, komo lamun nu dibelaanana henteu
> ngahucuhkeun mah. Tapi aya hiji catetan soal urang Jawa Timur.
> Jelemana rada beda,  temperamental. jeung fanatik "buta". Di
> jaman Megawati jadi presiden, kuring kungsi ka daerah Pasuruan,
> pas ningali ka kantor desa, rada kaget oge ................foto
> presiden nu dipasang masih Gus Dur keneh.....hehehehe.
>
> Di jaman G30S/PKI oge, di dareah Jawa Timur/ Jawa Tengah loba
> korban jiwa, ceuk cenah mah tepi ka ratusan rewu nu paeh. Saha nu
> paeh teh? PKI ....... diparaehan ku ...... (teu wasa
> nyebutkeunana) da maranehna dihaja dihucuhkeun ku tentara. Tadina
> mah kuring oge teu percaya, maklum da di Jabar mah ampir henteu
> aya kajadian naon-naon ( waktu harita kuring geus umur 9 taun,
> jadi geus rada inget). Tapi sanggeus kungsi apruk-aprukan di Jawa
> Timur, ngadenge tiditu-tidieu, kuring jadi yakin yen baheula teh
> kungsi aya tragedi kamanusaan di Jawa Timur. Dongeng nu matak
> muringkak bulu punduk, pangpangna dongeng Pa Wardi, tantara
> Babinsa di Bondowoso. Harita teh kuring ngadon sare di imah
> manehna. Ceuk manehna, waktu G30S/PKI manehna dines di
> Banyuwangi. Unggal subuh sok ngagiring PKI meunang newakan, ka
> sisi walungan, terus dipeuncitan ku urang ..... (teu wasa
> nyebutkeunana). Kuring nepi ka sababaraha kali nanya, bener
> henteu carita manehna teh. Manehna kalahka ngomong, dasar urang
> Jabar, teu nyahoeun kajadian didieu, pokna teh.
>
> Jaman PKI di Jabar ampir henteu aya naon-naon, tapi jaman DI?
> tong dicaritakeun deui loba urang Sunda nu jadi korban. Di lembur
> kuring di Sumedang, aya nu disebut peristiwa Bugel, nyaeta
> pembataian urang Bugel. Peristiwa ieu jadi nga "internasional"
> lamun teu salah mah nepi ka asup kana agenda PBB sagala.
>
> Jadi? lamun ningali conto-contona, geuningan bangsa urang teh,
> boga "bakat" jiga urang Serbia  atawa Pol Pot......hehehehe, teu
> bisa dianggap "enteng" kana urusan "bantai-membantai" mah. Nu
> matak kuring mah sok hariwang lamun aya nu uncum-ancam,
> seraba-serebu teh, bisi katutuluyan, sabab geus loba contona!
>
> Baktos,
> WALUYA
>
>
> ----- Original Message -----
> From: "Hepi" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>
> Sent: Wednesday, August 10, 2005 12:37 PM
> Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : Gus Dur Maafkan Pengancamnya
>
>
> > . Panglima Pasukan
> > > Berani Mati (PBM) KH Nuril Arifin menyatakan akan
> > > mengaktifkan PBM untuk menghadapi MMI.
> >
> > Asa teu yakin wani paeh demi gusdur...
> >
> > Kacontoan baheula pasukan berani mati teh , wanina kalahka
> naluaran
> > tatangkalan
> >
> >
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hav5l76/M=323294.6903899.7846637.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123668451/A=2896130/R=0/SIG=11llkm9tk/*http://www.donorschoose.org/index.php?lc=yahooemail";>Give
 underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to 
life by funding a specific classroom project  
</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke