Tambahan aksara "f", "x", "q", "v", "sy", jeung "kh" eta mah kasaluyuan para ahli basa Sunda ayeuna pikeun akasara Kaganga anu asli anu - mun teu salah mah- ngan ukur 23 aksara ngalagena (bagean tina akasara Kaganga). Ieu tambahan teh diresmikeun utamana waktu Perda ngeunaan akasara Kaganga bade dipedalkeun. Ditambahkeunna ieu akasara anu ngarupakeun serepan tina abjad seler sanes (Latin jeung Arab), taya lian pikeun ngawadahan kaperluan aksara Sunda mangsa ayeuna. Patarosan Kang Hasan lebah dieu pas pisan: "Ari kitu memang aksara Sunda ayeuna teh rek bener-bener digunakeun nepi ka diperlukeun ieu sababaraha aksara tambahan anu ngarupakeun serepan tina abjad bahasa sejen?".
 
Harita, nalika ngahadiran acara KBS VIII di Subang, si kuring dina obrolan teu formal jeung MJ, Ua Sas, Kang Sarabunis Mubarok, jrrd kungsi nepikeun hiji pamikiran sarupa kieu:
"Nilik kana tangtunganna, akasara Sunda teh merlukeun rohangan anu rada leuwih lega dibanding aksara Latin atawa Arab. Upamana bae, pikeun nyalin hiji wacana atawa tulisan, tina sakaca wacana/tulisan anu make aksara Latin kana wacana/tulisan make akasara Sunda, nya kudu bae ari meakeun sakaca satengah mah saeutikna. Kukituna, lengkah kadua, upama aksara Sunda hayang jadi ngabudaya deui diparake mangsa ayeuna jeung pikeun ngigelan jeung ngigelkeun jaman ayeuna, kudu dipilarian heula fungsi anu saestuna - dina harti - digunakeunana teh siga huruf kanji, tiap hiji aksara boga lambang tinangtu, wawakil hiji kecap atawa kalimah, nepi ka engkena dipakena ieu aksara Sunda teh efektif.
 
Maksudna, upama aksara Sunda dipake kitu bae pikeun nyalin aksara Latin atawa Arab, kana moal efektif da bubuhan meakeun kertas/kaca tulisan anu rada loba. Jadi kudu aya hiji cara sangkan ieu aksara teh efektif digunakeunana. Lebah dieu perluna hiji panalungtikan-sabab si kuring yakin-aksara Sunda leuwih deukeut ka aksara Jepang atawa Cina dina lebah fungsina. Upamana bae, pikeun nuliskeun kalimah "Ngertakeun Bumi Lamba", mungkin cukup ku sababaraha tangtungan akasara Sunda teu kudu sacerewelna dituliskeun ku akasara Sunda (metode nyalin kitu bae). Pikeun dadasar panalungtikan, nya teu aya sanes, prasasti-prasasti jeung naskah-naskah kuno Sunda tea".
 
Sakitu tah Kang....asa kahudangkeun pipikiran harita nalika KBS VIII ku patarosa ti Kang MH ieu. Mangga, ka sadayana, wilujeng ngemutan.
 
Baktos,
manAR
 
 
 
  
 
On 8/10/05, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kuring rada aya kapanasaran kana perkara aksara sunda
"kaganga" teh. dititenan teh naha mani lengkep-lengkep
teuing, nepi ka aya aksara nu sabenerna arang langka
dipake, malah boa teu pernah dipake, atawa memang teu
perlu aya dina basa sunda. jiga aksara sunda pikeun
padanan "x", "q", jeung "v" dina aksara laten. nahan
timana ieu asalna? naha eta aksara teh memang
diperlukeun pikeun basa sunda? upama kuring maca buku
basa sunda, asana tacan manggihan aksara jiga kitu
dipake dina kecap basa Sunda.

salian ti eta, jadi kapikiran, upama urang diajar
aksara "kaganga", naha bisa dipake pikeun pakarang
maca naskah-naskah basa sunda heubeul? ari ceuk
pikiran kuring, salah sahiji kagunaan diajar aksara
sunda teh, taya lian pikeun bisa dipake maca
naskah-naskah heubeul. cing baraya sugan aya
bongbolongan. sugan ieu perkara kaguar dina eta acara.


Salam,
MH

=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]



__________________________________
Yahoo! Mail for Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
http://mobile.yahoo.com/learn/mail

[Non-text portions of this message have been removed]



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
<font face=arial size=-1><a href="" http://us.ard.yahoo.com/SIG=12htebbgt/M=364397.6958316.7892810.4764722/D=groups/S=1705171464:TM/Y=YAHOO/EXP=1123670254/A=2915264/R=0/SIG=11t7isiiv/*http://us.rd.yahoo.com/evt=34443/*http://www.yahoo.com/r/hs">Get fast access to your favorite Yahoo! Groups. Make Yahoo! your home page</a></font>
--------------------------------------------------------------------~->

PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
   http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
   [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
   http://docs.yahoo.com/info/terms/






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke