Poe kamari balik ti kios teh pasosore, enya ti kios da kuring teh keur
diajar dadagangan dagang buku di kios buku di pasar Suci Cihaurgeulis,
diimah geus aya buku ngagoler dina meja, dialak ilik, judulna "Kosa Kata
Terikat Konteks Dalam Kalimat Berbahasa Sunda di Media Internet (Kusnet) :
Kajian Akronim/ Singkatan" ieu buku teh Skripsi beunang Gina Rahmalia
mahasiswi Bahasa Sastra Sunda Unpad (balad saangkatan Teh Mpup, ari Mpup mah
nu can beres keneh).
Geus aya sataun kaliwat mah Gina kungsi ulin ka imah kuring dianteur ku
Mpup, nginjeum buku SBJS jeung buku S4, terus datang deui sakali ngawangkong
rada daria, harita kuring menta mun geus jadi skripsi menta hiji, keur
teundeuneun di "Rumah Baca". Tadi peuting buku teh dibulak balik enya eusina
teh bleg bae anu kungsi diobrolkeun dina kusnet anu diasupkeun kana buku
SBJS jeung S4, ngan ieu mah leuwih nyoko kana akronim anu kungsi dipake.
Kuring kabawa reueus, geuning aya nu nalungtik KUSNet malah geus jadi
skripsi pikeun kalulusan S1.
Wilujeng ka Teh Gina tos lulus ayeuna mah nya....tinggal Mpup tuh anu can
beres teh...Teh Mpup tapa heula dua minggu mah ambih beres......!!

Resep ulin di kios buku teh, nyobaan ngadeukeutan komunitas anyar, komunitas
tukang jualan buku, resep heureuyna...jeung resep ningali anu balanja.
Ngan aya nu matak hemeng teh, geus dua minggu loba barudak nu anyar lulus
SMA, cenah mah pikeun nyokot STTB kudu nyumbang buku sastra ka sakola, tah
palebah buku sastra nu matak hemeng teh, eta barudak kanyahona kana sastra
muluntu pisan, da diasongan buku karya Kuntowijoyo (Khotbah di atas bukit,
Mantra Pejinak Ular) teh embungeun majarkeun teh hayang buku sastra,  komo
diasongan buku NH Dini mah euweuh nu wawuheun (Pada sebuah kapal, Namaku
Hiroko) nu ingetna ngan Salah Asuhan, Siti Nurbaya, Tenggelamnya kapal Van
der wijck
Duka teuing atuh naha ieu teh salah saha, da maenya ari kudu nyalahkeun
guruna mah, kuring onggeng-onggengan nerangkeun yen Panji Tisna ge
sastrawan, Kunto ge sastrawan, Trisno Sumarjo jste, tapi da keukeuh siga nu
teu percaya, eta meureun pedah nu ngomong teh tukang kios buku, sieun
dibobodo ku nu jualan.
Jualan buku teh rek rada ngahususkeun kana Sastra, biograpi inohong Sunda
jeung buku Sunda, hayang ngabuktikeun majarkeun buku Sunda kurang payu naha
enya atawa ..........!
Can loba buku Sunda nu rek dijual teh da ari koleksi pribadi mah moal
dijual.

Basa poe Rebo kamari, isuk-isuk aya nu ngurunyung ka imah, lalaki tengah
tuwuh, gagah, ari pek teh ti Perpustakaan daerah, nginjeum buku basa Sunda,
aya kana 50 judulna, ku inyana dibawa da rek difotokopi, ku kuring teu
dikoretkeun mangga bae, nu jadi hemeng teh naha geuning bet tibalik kuduna
mah kuring nu neangan ka Perpustakaan Daerah.
Cenah mah di Perpustakaan Daerah teh rek nyieun Pojok Jabar, nu eusina husus
buku buku basa Sunda, nu rek difotokopi ku inyana loba keneh, da geus
dipilihan, ditumpukeun dipisahkeun, ku kuring teh dimanggakeun deui bae.

Dina koran PR poe Rebo asana aya beja yen basa Sunda rek diajarkeun di
SMP,SMA tapi hemeng deui bae kalah guruna anu protes lantaran "kabeuratan"
seunggah teh, nahanya...?

MSasmita
kabeuratan mah cingogo di pacilingan.




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
<font face=arial size=-1><a 
href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12huruqbh/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1123816180/A=2894350/R=0/SIG=10tj5mr8v/*http://www.globalgiving.com";>Make
 a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving</a>.</font>
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke