Assalamualaikum Wr. Wb. Kumaha daramang baraya sadayana ? Mugia urang sadayana aya dina panangtayungan ti Alloh SWT. Amin.
Wilujeng tepang deui sareng simkuring saparakanca di ieu lembur tangtosna dina waktos ayeuna. Dina danget ayeuna simkuring bade medar hasil KUSnet Bogor ngawangkong siaran di Radio Pertanian Ciawi (RPC) Bogor dina frekuensi 107.7 FM dina wengi saptu kamari tabuh 8 dugi ka tabuh 10. Anu kaleresan tiasa sumping dina eta acara teh nyaeta kang Tantan Hermansyah, kang Eko Ruska Nugraha, Kang Hendra Wijaya, Kang Reza Krisdian, Kang Taufiq sareng simkuring anu katelah Runa Inawan sang pameget tea (bisi nyalahan deui, heu..heu..). Acarana teh dingawitan ku ngahaleuangkeun tembang ti Doel Sumbang anu judulna Urang Sunda (anu inti tina lagu eta teh nyaeta kamarana cenah urang sunda teh di jaman kiwari teh, mani lep kereles cenah, upami teu lepat kitu). Diteraskeun ku kenalan sewang-sewangan. Saatos perkenalan diteraskeun deui ku medar perkawis KUSnet, naon eta KUsnet, naon anu digarapna salami ieu. Alhamdulillah dina salami acara ternyata interaktif oge. Seueur oge anu ngarespon positif ku ayana KUSnet ieu anu ngamumule kasundaan ngangge media internet. Anu pikalucueun mah aya baraya pamiarsa RPC (wanoja deuih) anu nuju diajar basa sunda, ceuk paribasa simkuring mah mani tibeberegég hoyongeun tiasa nyarios sunda ditambihan lucu deuih soantenna, duka tah jalmina pikalucueun teu nya, he .he . Aya pertarosan ti pamiarsa RPC anu teras ngeleketek kapikiran wae ku simkuirng teh. Pertarosanana nya eta (kirang langkung kieu) : 1. KUSnet teh kan nyaeta Komunitas Urang Sunda di Internet, naon wae manfaatna cenah internet teh kanggo kamajengan para patani? 2. Tos dugi kamana peranan pihak Perguruan Tinggi dina raraga ngawangun pertanian teh, terutamina dina strategi ngokolakeun lahan anu sempit? Tah tina eta dua pertarosan teh anu katangkep ku simkuring mah nyaeta kumaha kontribusina (naon basa sunda na teh) KUSnet khususna anu notabene salah saiji komunitas anu ngagaduhan akases laluasa kana bidang informasi lantaran kuayana internet pikeun sami-sami ngamajengkeun para patani sareng intina mah nungtut/nyuhunkeun perhatosan ka para kaum intelektual kanggo sami-sami icikibung dina ngawangun pertanian sangkan patanio tiasa hirup sajahtera. Tah ieu teh saur simkuring mah tantangan kanggo urang sadayana kanggo ngiringan mikiran tur hojah dina memperjuangkeun kahirupan patani anu teu weleh kagencét tur digencet anu akhirna beuki pejét rejét. Teras kaleresan pisan tur ieu teh kasempatan kanggo urang KUSnet pikeun tiasa ngeusian acara di RPC rutin terutamina dina acara kasundaan. Anjeunana anu kaleresan Kepala Pengelola RPC Kang Ramdan tea nawisan ka KUSnet saparakanca upamana wae KUSnet ngagaduhan konsep acara anu layak/sae kanggo di siarkeun di RPC (contona diajar undak-usuk basa sunda, jrd). Tah ku kituna susuganan di antawis urang KUSnet anu ngagaduhan info mangga diantos infona, anu ngagaduhan waktos kanggo ngeusi acara kasundaan di RPC mangga diantos pisan partisipasina. Perkawis ieu baraya sadayana mangga tiasa ngontak KUSnet anu aya di bogor atanapi simkuring di 0818109410. Kanggo menindaklanjuti (naon nya sundana) ieu lolongkrang insya Alloh KUSnet wewengkon Bogor bade nyusun2 konsep format acarana (kumaha tah siap teu KUSnet anu aya di bogor atanapi KUSnet2 anu sanesna???) Panginten sakitu heula anu kapihatur, kanggo baraya KUSnet anu kamari ngiringan siaran di RPC mangga bilih bade nambihan bilih aya anu kirang. Mugi2 KUSnet tiasa nyulusup dina bidang Radio sareng kapayuna mah tiasa siaran dina TV (RCTI, SCTV, TransTV, TV7, Metro TV, ANTV, LATIVI, TPI, TVRI), teras secara rutin tiasa ngintunkeun artikel/tulisan di media2 cetak. Hayu urang manfaatkeun media2 informasi anu aya. Kanggo baraya KUSnet anu aya di Jakarta, Banten, Subang, Purwakarta, Bekasi, Sukabumi, Cianjur, Kuningan, Tasikmalaya, Ciamis, Indramayu, Majalengka, Cirebon (Bandung mah tos sering kantun ditingkatkeun panginten intensitasna), Sumedang, Karawang, Garut, sareng KUSnet anu dimana wae ayana di siklukna disuklakna, hayu ramekeun radio ku KUSnet anu tangtosna dina raraga ngamajeungkeun tur nanjeurkeun kasundaan (budayana, ekonomina, politikna, pendidikanana, agamana, sosialna, jrd). Hatur nuhun ditungtungan ku hapunten anu kasuhun Wassalamaualaikum Wr. Wb. Baktos ti Pribados, Runa Inawan - Jajaka Pertentang Siap Tandang Makalangan KUSnet - [email protected] www.urang-sunda.or.id ======================================================================================== Akses Internet TELKOMNet-Instan beri Diskon s.d. 50 % khusus untuk wilayah Jawa Timur. Informasi selengkapnya di www.telkomnetinstan.com atau hub 0800-1-INSTAN (467826) ======================================================================================== ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h3vpr6a/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124091625/A=2894350/R=0/SIG=10tj5mr8v/*http://www.globalgiving.com">Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

