Baraya,
 
Cecendet teh hiji jenis tutuwuhan. Dina buku laporan "Profil, Pola Pemanfaatan dan Pelestarian Keanekaragaman Hayati Jawa Barat" pedalan BPLHD, aya sakedik seratan ngeunaan Cecendet.  Dina eta buku laporan, Cecendet tiasa kapendak dina "Bab 6.1. Aspek Sosial Budaya dan Etnobotani Kampung Naga di Kabupaten Tasikmalaya, Tabel 6.1. Daftar nama tanaman yang dimanfaatkan oleh masyarakat Kampung Naga sebagai obat" (kaca F-2, kaleresan buku laporanana aya di pabetekan si kuring).
 
Dina tabel anu disebut di luhur tadi dieceskeun yen Cecendet teh hiji tutuwuhan anu ngaran ilmiahna teh nyaeta Physalis angulata L. anu manfaatna pikeun obat nyeri awak kalayan bagean anu digunakeun keur ieu pangobatan teh nyaeta daunna. Cara ngolahna: dipoe tuluy dileob bari dicampur daun sembung terus caina (sanggeus rada haneut) dileueut.
 
Terus terang bae, si kuring sorangan can apal kana tangkal Cecendet (sanajan geus kungsi ngalongok Kampung Naga). Ngan, upama nyoko kana hiji babasan/paribasa anu unina: "Cecendet mande Kiara", bisa dipastikeun yen tangtungan tangkal Cecendet teh tangtuna oge leutik tur tangkalna uduh (gampang dipiteskeun ku panangan). Apan aya paribasa "Cecendet mande Kiara" anu dilarapkeun pikeun babandingan kalakuan atawa peta jalma leutik/kurang pangabisa/kurang tanaga/ kurang harta/turunan cacah kuricah anu ngalawan atawa nangtang jalma gede/pinter/rosa/ beunghar/turunan menak.
 
Paribasa/babasan sejenna anu sarimbag jeung "Cecendet mande Kiara" nyaeta: "Piit ngendeuk-ngeundeuk Pasir" atawa "Cileuncang mande Sagara". Tetela, loba pisan babasan/ paribsa anu asalna atawa anu mginakeun ngaran tatangkalan, sasatoan jeung alam sabudeureun urang. Budaya mekar tina kaayaan alamna.
 
Baktos,
manAR
 


 
On 8/15/05, Tata Ratadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh ipeut... ari takokak mah sabangsa terong...ngaranggeuy sapertos leunca... tuang na dilalab sareng sambel oncom...oncom bandung tea lah...
 
tatartd

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
he he, sumuhun Kang Yudi.....didieu mah buah anu kitu teh , teu aya, manawi kerung wae ti kamari, ...anu apal mah...buah rilep,,,heuheuheu
 
teh ipeut
( puguh ieu ge nuju ngarujak)

Yudi Irmawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di kuningan mah sanes cecenet tapi cecendet
Teh Tien mah teu arapal wae, nu apal buah naon atuh? paling oge nu sok
dirujak nya?

yudi
**ketang abdi ge teu terang takokak mah ;p

--- In [email protected], indung peuting < [EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Tuh aya deui buah takokak....eta anu kumaha...?, MUhun mangga di
foto eta bubuhan teh supados jelas, panginten didieu  oge aya....Mung
namina benten, kitu kang Dess....
> Can wanoh deui sareng kang DEss teh...? urang mana nya..?

> teh ipeut


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke