Kamari di imah kuring nyempetkeun ngetik ulang dongeng ngeunaan jurig,
KUNTI. Dongeng ieu dicokot ti sumber; buku nu judulna JURIG GEDONG
SETAN-KUMPULAN CARPON JURIG. Nu ngarangna Ki UmbaraKuntiGeus sapuluh poé jang Endin teu indit ngantor. Geus sapuluh poé manehna gering. Panyakitna reureundahan. Dua poé mending, katilu poéna karasa. Sapoé mending, kaduana karasa. Kitu jeung kitu baé, matak bosen anu ngurus. Mun keur karasa, éstu matak watir anu ningal. Sakujur badanna tiis combrék, ngan palebah dadana anu panas nyebrét téh. Katug jajantungna nurugtug. Panonna burial-buncelik, huntuna tipepereket. Adug lajer.Ka doktermah ka dokter, pindah-pindah ka sababaraha dokter. Tapi teu cager baé, karasa deui karasa deui. Jeung atuda ku dokter-dokter téh teu diubaran, paling-paling dihaneutan, awakna digosok ku minyak kayu putih. Kabéh dokter nu geus didatangan téh sapamanggih, yen nu gering teu aya panyakitan. Teu perlu diubaran, teu perlu diopname. Majar téh cukup ku dihanteutan awakna, bari dibeberah hatena. Bosen ka dokter, tatambana pindah ka dukun. Teu mempan ka dukun ieu, pindah ka dukun itu. Tapi tetep teu aya mendingna. Kabéh dukun nu geus dipentaan tulung, sapamangih, yen geringna Jang Endin téh aya anu ngaheureuyan. Najan kitu cagerumah henteu. Dukun lintuh, kasakit matuh. Ayeuna pindah ka Kiai. Kiai beken tukang ngalandongan anu katumpangan. Sanggeus ku Kiai dipelong, pok anjeunna sasauran ka lanceukna anu gering. “Tangtu baé moal cageur ku ubar dokter, da lain gering biasa. Ieu mah gering téh lantaran ngagenggem rasiah. Mun rasiahna kedal mah, insya Alloh Mama bisa nuduhan pilandongeunana. Ayeuna mah ririhan heula baé, sugan daekan wakca.” Ngendek dua poé lanceukna geus puncengis deui datang ka Kiai. Tuluy nyarita, “Parantos diririhan téh supados wakca, ku pun biang, ku pun bapa, ku abdi pisan. Parantos ku leuleus parantos ku keras, nanging tetep ngabigeu. Bujeung-bujeng wakca, nyarios oge henteu. Eta mah sadaya-daya, nyanggakeun kumaha Mama.” Mama kiai ngaheneng sajongjongan. Saurna, “Nya ari kitumah ku Mama rek dicoba baé dipigawe, sugan Alloh marengkeun. Ngan wayahna nu gering téh sina maca takbir sapeutingna 3600 kali, salila tujuh peuting. Mun teu kuateun, beunang dibarantuan oge. Engke dina peutingan anu katujuh Mama tangtu ka ditu. Engke peuting mimitina. “Mangga Mama, bade diestokeun pisan.” Ayeuna unggal peuting nu gering teu euruen-eureun maca takbir, dibantuan ku bapana, ku lanceuk-lanceukna jeung ku adi-adina. Tacan sarare mun jumlahna can 3600 kali mah. Sanggeus sok talakbir mah, nu gering téh teu karasa-karasa. Dina peuting katujuah Mama kiai sumping . Bada isa breng deui sarerea takbir saperti sasari. Malah Mama Kiai oge mantuan. Kira-kira tabuh sapuluh, jang Endin adina nu gering, katingal ngalenggut nundutan, malah tungtungna mah goledag baé sare. Make kerek nanaon. Teu kungsi sajam meureun sarena téh, kulisik nyaring, tuluy hudang. Panonna buringhas, rungah-ringeuh, tuluy ngusap beungeut sababaraha kali bari istigpar. Ceuk indungna, “Batur muji, ieu mah kalah ka sare!” “Sare? Da teu sare Endin mah, nembe dongkap.” “Na, tas timana rarasaan téh?” “Tadi basa keur muji, ngan jol baé aya sepuh ngajak mios. Maksa teu kenging teu daek. Jung baé Endin nuturkeun. Lami-lami dongkap ka hiji gedong. Katingal di patengahan eta gedong caangna ukur reyem-reyem téh, seueur istri sataranjang keur tingarigig bari tingcikikik arigel-igelan , ngurilingan anu cindeluk di tengah-tengah. Ari disidik-sidik , geuning anu cindeluk téh…Kang Endin. Ku Endin gancang diburu , bari nyingray-nyingray anu keur tingarigig.” “Kunaon Endin aya didieu?” Ceuk Endun téh. “Enya,”Omongna bari neuteup. “Hayu atuh urang uih.” “Teu bisa leumpang akang téh, Ieu suku duanana laleuleus.” “Renggeyeng ku Endun dipanggul, tuluy kaluar ti eta gedong. Sepuh nu tadi tea parantos teu aya, duka kamana. Ngagedig wangsul bari manggul kang Endin. Sadongkap-dongkap, teras dikedengkeun dina eta ranjang,”pokna bari nunjuk kana tempat sare nu gering. Tah, tetela nu gering téh kasambet. Diganggu nu alus. Eta awewe-awewe téh…kunti,” Saur Mama kiai,”Ari kunti téh asalna awewe nu maot ngalahirkeun…” “Tobat, Mama!” ceuk nu gering tibuburanjat.”Ema, Bapa, hapunten abdi, rumaos ageung dosa!”tuluy ceurik ngagukguk. Sanggeus leler, paralak nu gering téh nyarita, “Parantos sapluhuh sasih abdi téh sasaean sareng hiji mojang, rencang sapadamelan. Dugi ka eta mojang téh…ngandeg,”segrukdeui manehna ceurik. Bari inghak-inghakan nu gering nuluykeun caritaanana, “Manehna keukeuh nyuhunkeun ditikah. Abdi keukeuh alim, da sieun ku Ema sareng ku Bapa. Malah saparantos terang manehna ngandung mah, abdi téh nyaba oge tara deui. Ari tilu minggu kapengker, aya nu ngawartosan, yen manehna maot ngalahirkeun, bari orokna teu kungsi lahir…” Na, ana jarangkah téh jang Endin nangtung, tuluy engklak-engklakan bari seuseurian, persis nu eusleum. Breg deui nu araya takbir, sorana mani ngaguruh, bangun nu harusu pisan. “Hihihih! Hihihih! Hihihih!…Panas! Panas!…Teu kuat!” ceuk jang Endin bari ngusapan dadana. Nu Talakbir sorana beuki bedas, “Allahu Akbar! Allahu Akbar! Allahu Akbar!” “Panas! Teu kuat! Hihihi… Hihihi… Hihihi!” Goledag jang Endin ngalumpuruk, les teu inget… (Harita nu dilaluar cenah naringal aya awewe ngariringkik kaluar ti kamar nu gering, tuluy ngagayabag ka luhur ka palebah dapuran awi tukangeun imah, bari cikikikan. Sorana matak muringkak bulu punduk). Sanggeus ku Mama kiai sirahna diceuceuhan jeung dijiah, jang Endin ngulisik, inget duei. “Mama…”ceuk nu gering ngareret ka Mama kiai, “tuduhan abdi jalan tobat!”tuluy inghak-inghakan. “Insya Alloh, jang” Saur Mama kiai. “Cageur baé heula ayeunamah. Keun nu maot mah, sugan Alloh marengkeun, urang sampurnakeun.” (sumber; buku nu judulna JURIG GEDONG SETAN-KUMPULAN CARPON JURIG. Nu ngarangna Ki Umbara) -- Wasalam, Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/
|
- [Urang Sunda] KUNTI durahman

