Kang Dur, abdi maca ieu dongen estuning persis ieu kajadian kaalaman ku kuring nyalira basa keur bubuara di Banten.
Ngan tibalik anu ngalaman kaasupan kunti teh, basa abdi mah awewena.
 
Kieu basa pangalaman abdi mah...
 
Kuring basa tahun 1995 teh tugas di hiji kampung anu ngarana Bojongmanik. Hiji kacamatan leutik, gigireun Baduy. Da ka Baduy teh ukur satengah jam!  Can lila tugas di desa eta teh, paling karak 5 bulan asana mah.
 
Kusabab, tempat pakasaban teh jauh pisan ti kota.  Kapaksa anak pamajikan teh teu milu dibawa. Jadi we, kuring lelengohan.... Keur ngeusi kasibukan mah ampir tiap solat, kuring ngadon cicing di masjid. Wirid, maca Quran jeung itikaf we. Da pernah ngadenge ti batur, desa anu dicicingan ku kuring teh masih kuat pelet jeung werejitna...Jaga-jaga tidituna mah!
 
Nya Alhamdulillah, salamet salila 5 bulan teh. Taya halangan harungan. Malahan kuring dipercaya jadi merebot, malah tadina mah dititah jadi imam masjid sagala. Ngan kuring nolak da teu wani. Rumasa kuring mah da cicing di masjid teh ukur ngeusi waktu pedah euweuh anak pamajikan... Lain kusabab luhur elmu.
 
Na atuh, dina hiji sore kuring keur ngaliwet. Dina panto kadenge anu keketrok, bari ngageroan jiga anu rusuh. "Tok..tok...tok... Pak Deny, Pak Deny... Punteeeen, Asalamu'alaikum!"
Kuring rurusuhan, ka tepas muru panto. Ari pek, tatangga anu imahna lumayan jauh aya kana 500 meter ti imah kontrakan teh. "Aya naon pak?" ceuk kuring.
"Ah, moal waka diterangkeun. Punten we Pak Deny kudu milu heula ka imah kami!", ceuk eta tatangga tea, make basa Banten. Nya kuring nuturkeun we, da jigana eta jelema bener butuhna teh ka kuring...
 
Barang nepi ka imahna, kasampak loba jalma ngagimbung. Kuring jadi rada era parada, pedah dijemput bari jeung teu nyaho aya kajadian naon. Terus kuring teh dibawa ka ruangan tengah. Kasampak, Ustad Safe'i, ustad anu dijadikeun kokolot di eta desa geus nyampak. Haji Sobana oge aya, katingali oge jelema-jelema anu ceuk babaturan gawe kuring mah jawara di eta desa keur ngariung hiji wanoja.
 
Eta wanoja, teu eureun cicirihilan bari mata molotot. Teu eureun ngomong, jeung nyarekan ka jelema anu aya didinya.  Kuring rada ngahuleng, terus nanya aya naon ieu teh? "Kieu Pak Guru ieu budak teh duka gering naon, geus aya kana 2 bulan gering. Dibawa ka Rangkasbitung ka rumah sakit, teu cageur. Ceuk dokter teu kunanaon. Dibawa ka dukun di Legok teu cageur, malah nepi ka dikeueum sagala tapi tetep teu cageur.  Ngan poe ieu, ti isuk-isuk nepi ka ayeuna teu eureun jiga kitu!"
"Owh....!", ceuk kuring....
"Punten atuh, Pak Deny tulungan anak kami!"
"Har da abdi mah teu tiasa naon naon!", ceuk kuring
"Ah, percaya kami, mah...sok lah tulungan!"
 
Kusabab diparentog kusarerea jalma anu aya diruangan eta. Sanggeus wudu terus solat dua rokaat, menta tulung ka Allah SWT. Terus nyobaan ngadeukeutan eta wanoja. Kuring mah teu boga naon-naon ngan pernah diajar psikologi, eta oge psikologi pendidikan heuheuheu....
Mata eta wanoja anu keur cicirihilan teh dipelong, terus dipelong ku kuring teu eureun-eureun! Manehna katingali rada reuwas, terus awakna ngadadak leuleus! Pingsan sapada harita!
Kuring nitah 2 jalma, mun teu salah mah lanceukna awewe nitah nyekelan Quran. Hiji dina luhureun sirahna, hiji deui luhureun bujalna. Terus ku kuring di deukeutan panona! Bedul teh, keukeureuceuman...sihoreng pura-pura kapaehan.
Da sakanyaho kuring, jalma kapaehan mah moal bisa keukeureuceuman panon. Kuring ahirna nyimpulkeun ieu wanoja sabenerna bener katumpangan kunti, ngan jadi katumpangan kusabab manehna boga rahasia!
 
Kuring menta, ka Bapana sangkan mawa budakna ka enggonna. Kabeh jelema teu meunang asup ka kamar, iwal ti indung bapana. Ku kuring diharewosan: " Hei Ating, ulah pura-pura pingsan sagala. Di kamar ieu euweuh sasah iwal ti bapa jeung ema jeung abdi!", ceuk kuring ditompokeun kana ceulina!
Korejat eta wanoja teh, hudang....segruk ceurik....ku kuring diantep. Sanggeus leler, ku kuring dicaritaan:"Sok ayeuna mah dia wakca balaka, terus terang we ka bapa jeung ka ema. Aya naon anu sabenerna. Lamun disimpen sorangan, antukna dia kalahka ngalamun jadi kaasupan jurig....daek kitu kaasupan jurig, terus diriung ku jelema jiga tadi?", Ceuk kuring....
Manehna ngareret sakeudeun ka kuring, terus ningali ka indung bapana.
 
Derekdek weh nyarita, yen sabenerna manehna teh tilu bulan katukang boga kabogoh. Supir. Dina hiji poe, kusabab hujan badag. Jeung kabogohna ngadon ngiuhan di hiji saung ronda. Duka setan timana cenah, manehna bet harita masrahkeun kahormatanana ka kabogohna.
Tina hubungan eta, manehna telah haid...manehna menta tanggung jawab ti kabogohna tea. Eta supir kalahka kabur, duka kamana.
 
Dua bulan katukang, indung bapana ngajodokeun manehna jeung pamuda ti desa tatangga. Tapi manehna teu bogoh, turug-turug di sanggeus dijodokeun teh. Cenah bulan hareupna rek langsung dikawinkeun... Manehna kasieunan, sieun kapanggih ku batur komo ku calon caroge mah...yen manehna geus lain parawan, jeung ngandeg aya kana sabulana!
 
Kuring mah, teu lembek teu nyarek. Indung Bapana nyalegruk....bangun teu walakaya....
"Mangga we, nyanggakeun. Kanggo salajengna mah pa bu...abdi mah bade pamit!"
 
Barang kuring muka panto kamar, kabeh panon marelong ka kuring. Bangun anu ajrih, halormat pisan jigana teh! Malah basa balik oge make dijajapkeun ku pamuda-pamuda didinya!
Tah ti saprak harita, kuring rea dipenta tulung ku jelema dikampung eta....heuheuheuheu....
 
Dess
 
 


durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kamari di imah kuring nyempetkeun ngetik ulang dongeng ngeunaan jurig, KUNTI. Dongeng ieu dicokot ti sumber; buku nu judulna JURIG GEDONG SETAN-KUMPULAN CARPON JURIG. Nu ngarangna Ki Umbara

Kunti

Geus sapuluh poé jang Endin teu indit ngantor. Geus sapuluh poé manehna gering. Panyakitna reureundahan. Dua poé mending, katilu poéna karasa. Sapoé mending, kaduana karasa. Kitu jeung kitu baé, matak bosen anu ngurus. Mun keur karasa, éstu matak watir anu ningal. Sakujur badanna tiis combrék, ngan palebah dadana anu panas nyebrét téh. Katug jajantungna nurugtug. Panonna burial-buncelik, huntuna tipepereket. Adug lajer.
Ka doktermah ka dokter, pindah-pindah ka sababaraha dokter. Tapi teu cager baé, karasa deui karasa deui. Jeung atuda ku dokter-dokter téh teu diubaran, paling-paling dihaneutan, awakna digosok ku minyak kayu putih. Kabéh dokter nu geus didatangan téh sapamanggih, yen nu gering teu aya panyakitan. Teu perlu diubaran, teu perlu diopname. Majar téh cukup ku dihanteutan awakna, bari dibeberah hatena. Bosen ka dokter, tatambana pindah ka dukun. Teu mempan ka dukun ieu, pindah ka dukun itu. Tapi tetep teu aya mendingna. Kabéh dukun nu geus dipentaan tulung, sapamangih, yen geringna Jang Endin téh aya anu ngaheureuyan. Najan kitu cagerumah henteu. Dukun lintuh, kasakit matuh.
Ayeuna pindah ka Kiai. Kiai beken tukang ngalandongan anu katumpangan. Sanggeus ku Kiai dipelong, pok anjeunna sasauran ka lanceukna anu gering. “Tangtu baé moal cageur ku ubar dokter, da lain gering biasa. Ieu mah gering téh lantaran ngagenggem rasiah. Mun rasiahna kedal mah, insya Alloh Mama bisa nuduhan pilandongeunana. Ayeuna mah ririhan heula baé, sugan daekan wakca.”
Ngendek dua poé lanceukna geus puncengis deui datang ka Kiai. Tuluy nyarita, “Parantos diririhan téh supados wakca, ku pun biang, ku pun bapa, ku abdi pisan. Parantos ku leuleus parantos ku keras, nanging tetep ngabigeu. Bujeung-bujeng wakca, nyarios oge henteu. Eta mah sadaya-daya, nyanggakeun kumaha Mama.”
Mama kiai ngaheneng sajongjongan. Saurna, “Nya ari kitumah ku Mama rek dicoba baé dipigawe, sugan Alloh marengkeun. Ngan wayahna nu gering téh sina maca takbir sapeutingna 3600 kali, salila tujuh peuting. Mun teu kuateun, beunang dibarantuan oge. Engke dina peutingan anu katujuh Mama tangtu ka ditu. Engke peuting mimitina.
“Mangga Mama, bade diestokeun pisan.”
Ayeuna unggal peuting nu gering teu euruen-eureun maca takbir, dibantuan ku bapana, ku lanceuk-lanceukna jeung ku adi-adina. Tacan sarare mun jumlahna can 3600 kali mah.
Sanggeus sok talakbir mah, nu gering téh teu karasa-karasa.
Dina peuting katujuah Mama kiai sumping . Bada isa breng deui sarerea takbir saperti sasari. Malah Mama Kiai oge mantuan.
Kira-kira tabuh sapuluh, jang Endin adina nu gering, katingal ngalenggut nundutan, malah tungtungna mah goledag baé sare. Make kerek nanaon.
Teu kungsi sajam meureun sarena téh, kulisik nyaring, tuluy hudang. Panonna buringhas, rungah-ringeuh, tuluy ngusap beungeut sababaraha kali bari istigpar.
Ceuk indungna, “Batur muji, ieu mah kalah ka sare!”
“Sare? Da teu sare Endin mah, nembe dongkap.”
“Na, tas timana rarasaan téh?”
“Tadi basa keur muji, ngan jol baé aya sepuh ngajak mios. Maksa teu kenging teu daek. Jung baé Endin nuturkeun. Lami-lami dongkap ka hiji gedong. Katingal di patengahan eta gedong caangna ukur reyem-reyem téh, seueur istri sataranjang keur tingarigig bari tingcikikik arigel-igelan , ngurilingan anu cindeluk di tengah-tengah. Ari disidik-sidik , geuning anu cindeluk téh…Kang Endin. Ku Endin gancang diburu , bari nyingray-nyingray anu keur tingarigig.”
“Kunaon Endin aya didieu?” Ceuk Endun téh.
“Enya,”Omongna bari neuteup.
“Hayu atuh urang uih.”
“Teu bisa leumpang akang téh, Ieu suku duanana laleuleus.”
“Renggeyeng ku Endun dipanggul, tuluy kaluar ti eta gedong. Sepuh nu tadi tea parantos teu aya, duka kamana. Ngagedig wangsul bari manggul kang Endin. Sadongkap-dongkap, teras dikedengkeun dina eta ranjang,”pokna bari nunjuk kana tempat sare nu gering.
Tah, tetela nu gering téh kasambet. Diganggu nu alus. Eta awewe-awewe téh…kunti,” Saur Mama kiai,”Ari kunti téh asalna awewe nu maot ngalahirkeun…”
“Tobat, Mama!” ceuk nu gering tibuburanjat.”Ema, Bapa, hapunten abdi, rumaos ageung dosa!”tuluy ceurik ngagukguk.
Sanggeus leler, paralak nu gering téh nyarita, “Parantos sapluhuh sasih abdi téh sasaean sareng hiji mojang, rencang sapadamelan. Dugi ka eta mojang téh…ngandeg,”segrukdeui manehna ceurik. Bari inghak-inghakan nu gering nuluykeun caritaanana, “Manehna keukeuh nyuhunkeun ditikah. Abdi keukeuh alim, da sieun ku Ema sareng ku Bapa. Malah saparantos terang manehna ngandung mah, abdi téh nyaba oge tara deui. Ari tilu minggu kapengker, aya nu ngawartosan, yen manehna maot ngalahirkeun, bari orokna teu kungsi lahir…”
Na, ana jarangkah téh jang Endin nangtung, tuluy engklak-engklakan bari seuseurian, persis nu eusleum.
Breg deui nu araya takbir, sorana mani ngaguruh, bangun nu harusu pisan.
“Hihihih! Hihihih! Hihihih!…Panas! Panas!…Teu kuat!” ceuk jang Endin bari ngusapan dadana.
Nu Talakbir sorana beuki bedas, “Allahu Akbar! Allahu Akbar! Allahu Akbar!”
“Panas! Teu kuat! Hihihi… Hihihi… Hihihi!” Goledag jang Endin ngalumpuruk, les teu inget…
(Harita nu dilaluar cenah naringal aya awewe ngariringkik kaluar ti kamar nu gering, tuluy ngagayabag ka luhur ka palebah dapuran awi tukangeun imah, bari cikikikan. Sorana matak muringkak bulu punduk). Sanggeus ku Mama kiai sirahna diceuceuhan jeung dijiah, jang Endin ngulisik, inget duei.
“Mama…”ceuk nu gering ngareret ka Mama kiai, “tuduhan abdi jalan tobat!”tuluy inghak-inghakan.
“Insya Alloh, jang” Saur Mama kiai. “Cageur baé heula ayeunamah. Keun nu maot mah, sugan Alloh marengkeun, urang sampurnakeun.”

(sumber; buku nu judulna JURIG GEDONG SETAN-KUMPULAN CARPON JURIG. Nu ngarangna Ki Umbara)
 

-- 
Wasalam,

Durachman
http://durahman-cirebon.blogspot.com/

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke