Assalamu'alaikum wr wb K durahman...manawi teu ka abotan, abdi sanaos teu getol dina milis, tapi abdi merhatoskeun pisan , ku resepna maos tulisan sadayana, atuh langkung utapi kana file anu nangkod anu di kintun ku K Durahman, ieu mah manawi sareng manawi abdi hoyong di pasihan terang kumaha cara ngadamel file sapertos kitu teh, sareng program naon anu di angge na, abdi nuju di ajar kana computer janten teu terang seu-eur masalah ngadamel anu kararitu mah, sateuacan na ngahaturkeun nuhun pisan.
Wassalamu'alaikum wr wb S M Natapradja ----- Original Message ----- From: "durahman" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Monday, August 15, 2005 3:46 PM Subject: Re: [Urang Sunda] walimahan Ani-Ikmal, Subang minggu 14/8/05 > Nuhun kanggo mj kateranganana. Resep maca tulisan mj-mah kajeun sakitu > panjangna oge. Maklum sok nyieunan novel tea. > > Kanggo kang Ikmal+teh Ani punten kuring teu tiasa sumping. > Hoyongmah-hoyong kaditu teh cuman nya eta kuring boga kaperluan anu > sejen nu sarua pentingna. Kuring boga kado digital pikeun panganten > anyar. Mangga tingali FILE NANGKOD. > > > mj wrote: > > >perjalanan ti lembang ka subang estuning sugema kana mata. pamandangan > >kebon enteh sakitu endahna. kabeneran minggu kamari teh mobil Deden > >(landihan uing ka mitoha) teu dipake, nya bisa nginjem, bisa bawa budak, > >si tizzy, nu malah ngaririweuh, budak keur mimitian garden flower (kembang > >buruan). make supir lanceuk samitoha nu urang subang, meh apal jalan. > > > >datang teh geus rada beurang, jam 11-an. geus nyampak si ua sas, pupi, > >kumi, boim, iva nu tiparayun kana BMW (bekas mobil waspang) tea. nuhun ka > >Ua Sas oge kang Mamat Rachmat Tapak Jajaka Kapaksa. > > > >acan walimahan teh gening. da sherifna, eh, naib kitu, keur nguriling > >cenah. poe harita di eta lembur (kacamatan nya), nu nikah teh aya 12 > >pasang. tanaga naib-petugas kua tea- ngan duaan. padahal mah nikah masal > >we atuh meh tereh. hehe > > > >geus nyampak baraya kusnet jakarta saabreg-abreg (Sok we ngaracung, > >ngabsen nyalira). malah seueur nu nembe tepang. duka sabaraha mobil jeung > >treuk wadya balad KUSnet Jakarta (Bodetabeks). alhamdulillah tiasa tepang > >bari ngan sakolepat oge. > > > >kang MGT (Maman Gantra) aya. malah cenah jadi pihak nu masrahkeun > >panganten pameget (Ikmal). nuhun ah. angger we kitu, jangkung, begangs. > >hehe. > > > >beres dahar beurang, ngariung hareupeun nu keur hajat. dina jukut iuh ku > >tangkal rambutan. ngadon kongress, ngawangkong teu beres-beres. jejerna > >mah, hayang bisnis kusnet teh. mangga jeung didukung pisan. > > > >tapi sarila di dinya teu lila, da dangduts langsung tarik pisan tina > >speaker. atuh nu cumarita teh teu kadenge jelas. nya parindah ka teras > >imah belah handap. ngariung di dinya. jejerna kumaha kusnet bisnis > >diteruskeun. > > > > > > > -- > Wasalam, > > Durachman > http://durahman-cirebon.blogspot.com/ > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hnaptg6/M=362329.6886307.7839373.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124119937/A=2894324/R=0/SIG=11hia266k/*http://www.youthnoise.com/page.php?page_id=1998">1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

