Hatur nuhun pisan Kang Oman. Kuring etateh nu kamari naroskeun masalah ieu. Tos jelas ayeunamah.
oman abdurahman wrote: > Baraya, > > Isuk-isuk mukaan milist, kareret aya anu nataroskeun perkara muflish. > Hapunten ngeunaan patarosan eta dipairan di dieu bae (jejer anyar) > jalaran teu kapaluruh deui postinganana (ma'lum di gmail jeung miluan > sababaraha milist). > > Kanggo anu naroskeun perkara muflish, leres, anu muflish teh jalmi anu > "bangkrut" poean kiamah (poean balitungan amal). Singgetna, jalmi anu > di dunya seueur amalna, tapi kusabab manehna oge loba nganyeyeri batur > atawa dolim tea ka papada manusa, nya ganjaran amal kahadeanana teh > beak dipake babayar ka jalma anu dinyenyeri ku manehna. Malah, nalika > ganjaran amalna geus beak dipake "babayar", dosa dolim atawa > nganyenyeri ka nu lian teh loba keneh. Tah kitu cenah jalmi anu > bangkrut (muflish) poe akhir engke teh. Kanggo ecesna, aya hiji > seratan ngeunaan muflish di alamat ieu: > http://www.hayatulislam.net/comments.php?id=606_0_1_0_C (sanes abdi > lebet anggota eta website/milist, namung kenging milarian nganggo > kecap konci "bangkrut"). Pamugi aya manfaatna. > > Kumargi sakitu, di kalangan ahli tasawuf mah aya adagium kieu: > beresihan heula (diri tina dosa-dosa atawa takhalli = ngosongkeun diri > tina dosa), nembe ngahias diri ku amal-amalan sunnah (anu wajib mah > tangtu kudu dipayunkeun bari takhalli; lengkah kadua ieu disebut > tahalli), tah engke baris kapanggih kanyataan (tajalli tea). Geus > tajalli mah geura eces sagala rupina. Pamugi urang sadaya teu kalebet > jelema-jelema anu muflish; sabalikna, kalebet jalmi anu takhalli, > tahalli sareng tajalli. > -- Wasalam, Durachman http://durahman-cirebon.blogspot.com/ ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hops6sa/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124175622/A=2896110/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com ">Help save the life of a child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

