Punten ah bade ngiringan..
 
Dina kaping 17 agustus, di Cianjur oge sami sareng daerah2 nu sanes sok ngarayakeun anu salahsahijina ku ngayakeun pawey. Dina prakna teh rahayat ti sakurilingeun kota malahan oge ti kecamatan2 di cianjur (Cikalong, Cipanas, Cibeber, Warungkondang, Sukanagara jeung sajabina) parantos tumplek ka jalan raya ngantosan pawey tea. Mung dina opat taun kapengker dugika kiwari aya hiji simbol anu leungit, nyaeta "Kuda Kosong" tea, anu biasana di arak pangpayuna pisan tina rombongan pawey teh dilarang kaluar kumargi nya eta tea (Nyaketan kana syirik tea.. alesanana teh).
 
ASPEK TRADISI
Abdi mah mung saukur ngaraoskeun da rumaos urang cianjur, ngeuningan teu gampil ngaleungitkeun hiji tradisi anu tos berlangsung ratusan taun teh, malahan ku dileungitkeunana eta tradisi "Kuda Kosong" teh ninggalkeun perasaan sono ti masyarakat kana eta tradisi.
 
ASPEK POLITIK
Ti kapungkur oge apanan rakyat cianjur teh seueur anu hoyong eta tradisi teh di ayakeun deui, mung kunaon nembe ayeuna wacana eta muncul deui?
Abdi ningali aya momen Kab. Cianjur teh bade mayunan PILKADA dina taun 2007, nyaeta gaungna tos mimiti katingali. Perkawis wacana "Kuda Kosong" oge katingalina janten komoditi oge kanggo narik simpati rakyat anu nuju sono pisan kana eta tradisi. Malihan aya kritik ka Pak Wasidi Swastomo anu kieu :
"Ari Kuda Kosong teu meunang, Ari Barongsay di hegkeun"
(barongsay kasenian urang tionghoa teh tos 2 taun tiasa dirayakeun, malihan nutup jalan raya cianjur sagala)
 
 
TEKA-TEKI
Teu acan terang dina dinten enjing 17 agustus 2005, yen eta kuda kosong teh bakal kaluar atanapi moal??? masih keneh janten patarosan ti seueur masarakat cianjur. Anu janten pangemutan oge kanggo Pak Wasidi Swastomo : "bade tetep kana pamadeganana wae yen kuda kosong teu kenging kaluar atanapi bade di hegkeun wae eta kuda kosong teh" (ngemutkeun serangan tina mangrupi-rupi media)
 
Abdi mah teu maksad ngiringan kana masalah Politik mah.. mung perkawis dilarangna tradisi "Kuda Kosong" mah aya saena oge pami dikaji deui.
 
 
pihatur,
Dadan R. Saleh
 
 
 
 
----- Original Message -----
Sent: Tuesday, August 16, 2005 4:02 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd : WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA KOSONG" DIHIDUPKAN KEMBALI

Punten .. eta pancakakina pajurawet .....
Upami teu lepat mah kieu :
Raden Jayasasana/Dalem Cikundul/Aria Wiratanu (salah sawios putra Sunan Wangsa Goparana, pangeran ti Sumedang Larang {???}), waktos masih anom seneng ngisat diri/nyepi,
hiji waktos kasumpingan putri Jin (wallahu alam...), nyuhunkeun ditikah.
Anu akhirna janten ditikah, tina eta pernikahan gaduh 3 putra :
1. R. Aria Suryakancana
2. Ny. R. Endang Sukaesih
3. R. Aria Andika Wirasujagat.
Sanggem carios, waktos masih aralit kantos diayun ku ayunan tina sinjang....namung barang geleyun kaluhur... barang less... leungit......!?!?!? (wallahu alam....)
Ceuk sakaol ;
Suryakancana teras ngageugeuh gunung Gede
Endang Sukaesih teras ngageugeuh gunung Careme
Andika Wirasujagat teras ngageugeuh gunung Karawang (???).
Janten Aria Suryakancana henteu kantos janten Bupati ..., teu kacarioskeun gaduh rundayan.
walhasil Aria Suryakancana sanes bibit buit Cianjur.
Anu janten bibit buit sareng anu ngaheuyeuk kabupaten Cianjur mah rundayan ti  RAA. Jayasana/Aria Wiratanu/Dalem Cikundul ti Isteri bangsa jalmi.
Sakitu anu tiasa kalereskeun, bari duka leres duka henteu.....
 
ssw
 
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wartos rada telat ti kantor berita Antara. Naha leres ieu teh,
urang Cianjur nuntut supados acara "Kuda Kosong" dihirupkeun
deui?
Mangga, wartosna nyanggakeun, komo kanggo katurunan Dalem
Suryakancana mah (Alm Harry Rusli oge, cenah mah katurunan Dalem
Suryakancana).

Baktos,
WALUYA

WARGA CIANJUR MINTA TRADISI "KUDA KOSONG" DIHIDUPKAN KEMBALI

Cianjur, 15/8 (ANTARA) - <-------dilekek------->
Tradisi kesenian kuda kosong dimulai sejak zaman
RAA. Prawiradiredja I Dalem Cianjur yang memerintah antara tahun 1813-1833.
Awalnya tradisi tersebut dilangsungkan saat ada 'kaulan' atau pesta di pendopo Cianjur.
Sebagai bentuk penghormatan terhadap leluhur Cianjur terutama
R.H. Surya Kencana anak Dalem Aria Wiratanu atau Jayasasana atau lebih dikenal sebagai
Dalem Cikundul dan memerintah sekitar tahun 1677-1691.
Pangeran Surya Kancana atau Eyang Suryakancana menjadi tokoh
dalam babad Cianjur karena senantiasa dikaitkan dengan hal-hal mistis.
Menurut cerita, Pangeran Surya Kencana dinikahkan oleh ayahnya dengan salah satu putri dari bangsa jin dan hingga kini bersemayam di Gunung Gede.
Hal yang sama terjadi pula pada putri Jayasasana lainnya , Ny. R. Endang Sukaesih yang bersemayam di Gunung Ceremai dan R. Andika Wirusajagad yang menguasai Gunung Karawang.
Saudara-saudara Surya Kencana dan Endang Sukaesih lainnya, secara
turun temurun kemudian menjadi penguasa Cianjur. Beberapa Bupati pasca kemerdekaan hingga tahun 1966 masih dipimpin oleh keturunan Jayasasana ini.
Dan biasanya usai upacara peringatan Kemerdekaan 17 Agustus tradisi
menghadirkan leluhur terutama Eyang Surya Kenacana selalu dilakukan melalui pawai Kuda Kosong.
Diiringi tabuhan gamelan dan kesenian khas Cianjur lainnya kuda
kosong yang dipercayai ditumpangi Surya Kencana diarak keliling kota.
Ribuan warga pun tumplek dan mengelu-elukannya. Kini sejak tahun 2001 kesenian khas yang sudah menjadi tradisi ratusan tahun itu hilang dan hanya sekedar cerita.
(Saep Lukman)



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Culture Corporate culture Hawaiian culture
Hispanic culture Jewish culture Organizational culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke