sapuklah kang..... mugia wae ing taiasa kalaksanakeun.....tur kenging hasilna.
nety --- In [EMAIL PROTECTED], "Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Assalamualaikum Wr. Wb. > > Kumaha damang baraya sadayana anu disuklakna > disiklukna, di kulon, wetan, kaler jeung kidul, anu > dipojok kitu deui anu nuju mojok??? heuâ¦heuâ¦. > > Ieu teh seja bade ngabewarakeun tur ngalaporkeun hasil > kempelan di Jakarta dinten kemis bada magrib ping 18 > Agustus 2005 di rorompokna Kang Maman Gantra anu > agendana teh ngabahas perkawis KUSnet usaha/bisnis. > Anu tiasa ngahdiran dina eta kempelan teh nyaeta Kang > Maman Gantra, Kang Agus Pakusarakan, Kang Irfan > Rispandi, Kang Nanang Ndoell, Simkuring nyalira (Runa > tea). > > Kempelan diayakuen teh dina raraga neraskeun hasil > gunem catur di Subang ping 14 Agustus 2005 anu salah > saijina ngabahas perkawis KUSnet ngadegkeun > usaha/bisnis. Aya sababaraha tujuan kunaon KUSnet > ngadegkeun usaha, nyaeta anu utamina mah dina raraga > hoyong sasarengan sami2 ningkatkeun tingkat ekonomi > urang sunda, kanggo ngabiayaan kagiatan2 / program2 > ka-KUSnet-an, eta dua tujuan intina mah. > > Teras naon wae cenah modal anu dipibanda ku KUSnet teh > anu tiasa dijadikeun modal dasar dina ngawangun > bisnis, nyaeta : > 1. Potensi sumberdaya manusia-na anu beda-beda latar > belakangna (naon sunda na tah) pendidikanana, > kahlianana, sareng jaringan (networking) anu tos > kawangun. > 2. Potensi sumberdaya alam-na berlimpah (sundana > naonnya). > 3. Paniatan anu ngagedur hayang ngawangun KUSnet anu > langkung produktif dina ngamumule tur ningkatkeun > harkat, martabat, sareng budaya kasundaan. > > Aya sababaraha alternatif bidang usaha anu > direncanakuen teh nyaeta : > 1. Bisnis pulsa > 2. Suku cadang motor/kendaraan > 3. Teknologi informasi (Radio internet, bisnis on > line, warnet, consultan IT, jrd) > 4. Informasi > 5. Wisata anu dikolaborasikeun sareng > pendidikan+bisnis > 6. Home industri > 7. Agribisnis > > Aya sababaraha alternatif bentuk badan hukum usahana, > nyaeta : > 1. Ngangge badan hukum usaha anu tos aya. Badan usaha > anu tos siap teh nyaeta CV. Motekar, PT. Reksa > Gumilang Kencana, atanapi Yayasan Perceka. > 2. Ngadamel badan hukum usaha anu enggal (Mangga > kabaraya sadayana anu ngagaduhan ide). > > Tah ieu baraya sadayana urang sunda di mana wae ayana. > Kanggo palawargi sadayana boh bilih diantawis bara aya > anu ngagaduhan : > 1. Ide Konsep bisnis/usaha anu tos janten dina bentuk > proposal bisnis tiasa dialungkeun tur ditangkodkeun ka > email simkuring di [EMAIL PROTECTED] > 2. Bilih diantawis baraya urang sunda sadayana anu > hoyong ngiringan dina usaha KUSnet anu bentuk > partisipasina dina hal nanamkeun modal / investasi, > mangga diantos pisan. Kanggo perkawis ieu sumangga > baraya tiasa ngahubungi ka tim divisi usaha KUSnet anu > salajengna disebat âDewan Ekonomi Sundaâ. > > Pikeun ngametakeun potensi SDM KUSnet Dewan Ekonomi > Sunda bade masihan Kuesioner anu kedah dieusian ku > baraya sadayana. Format Kuesionerna sapertos kieu : > Nami : > Yuswa : > Padamelan/Jabatan : > Alamat rorompok : > Alamat kantor : > No. Tlp. Kantor/rorompok : > HP : > Email : > ID Yahoo Messenger : > Background Pendidikan (naon tah basa sunda) : > Kaahlian khusus/keterampilan : > Bahasa asing anu tiasa : > Home Page / Blog : > > Kuesioner ieu mangga dieusian teras alungkeun wae ka > serelek simkuring di [EMAIL PROTECTED] > Teras ka kuncen nyuhunkeun bantosanana, kumaha upami > kuesioner ieu tiasa di serat dina âfooterâ millis > ieu. Kana bantosanan hatur nuhun pisan. > > Ari anu disebat âDewan Ekonomi Sundaâ jamlina teh > nyaeta : > 1. Kang Irfan Rispandi ([EMAIL PROTECTED]) > 2. Kang Maman Gantra ([EMAIL PROTECTED]) > 3. Kang Agus Pakusarakan ([EMAIL PROTECTED]) > 4. Kang Tantan Hermansah ([EMAIL PROTECTED]) > 5. Kang Boim ([EMAIL PROTECTED]) > 6. Neng Ivawanti ([EMAIL PROTECTED]) > 7. Teh Neni Bandung > 8. Kang Oman ([EMAIL PROTECTED]) > 9. Kang Nanang ([EMAIL PROTECTED]) > 10. Simkuring Runa Inawan ([EMAIL PROTECTED]) > > Kanggo ngabahas KUSnet Usaha salajengna bade diayakeun > deui kempelan nyaeta : > Dinten/Kaping : Sabtu, 27 Agustus 2005 > Tabuh : 10.00 WIBK (Waktos Indonesia Beulah Kulon) > Tempatna : Bogor (Kanggo samentawis di Hanjuang Bodas) > Agendana bahasanana : > 1. Ngabahas sistem manajemen usahana kaitanana sareng > KUSnet. > 2. Kumaha ngokolakeun ramatloka (web site) > www.urang-sunda.or.id supados langkung produktif, > karawat, tur munel sareng tiasa janten salah saiji web > site anu tiasa janten referensi dina budaya kasundaan. > > 3. Ngonsep KUSnet Siaran di Radio-radio. > Sumangga kanggo anu aya perhatosan kana > KUSnet/Kasundaan diantos kasumpinganana. > > Dina sajeroning padungdengan aya sababaraha catetan > anu intinamah kumaha KUSnet kapayuna, kumaha KUSnet > kedah lumaku. Diantawisna ditingali tina struktur > ka-organisasian KUSnet nya eta kieu : > 1. Pembina/Penasehat > 2. Ketua Umum > 3. Sekretaris Jenderal > 4. Bendahara > 5. Dewan KUSnet : > a. Dewan Ekonomi Sunda > b. Dewan Komunikasi Sareng Informasi Sunda (Teknologi > Informasi sareng Media Massa) > c. Dewan Budaya Sareng Adat Sunda > d. Dewan Hukum Sareng Advokasi Sunda > e. Dewan Sosial Kemasyarakatan Sunda > Intinamah kumaha supados KUSnet teh langkung > terorganisir sareng mantep dina raraga ngamajengkeun > kasundaan. > > NB : > Sareng panginten urang ayeuna mah KUSnet tos waktosna > kanggo ngagaduhan VISI sareng MISIna organisasina, > sanaos cenah KUSnet mah organisasi teu aya bentukna. > Tah kumargi kitu hayu KUSnet teh ayeuna mah dibentuk > langkung serius supados aya bentukna. Saur kang MH mah > cenah kieu "Hayu bentuk Pasukan darat KUSnet". > > Punten pisan ieu mah sanes nitah tp miwarang ieu > mah,he...he...kanggo KUNCEN nyuhunkeun bantosanana > kanggo mostingkeun ieu seratan ka sadayana anggota > millis [EMAIL PROTECTED] > > Sakitu anu kapihatur, kirang langkungna nyuhukeun > dhapunten , bilih aya anu kirang mangga kanu hadir di > rorompokna kang maman gantra kanggo nambihan. > > "HAYU URANG SASARENGAN DINA NGAWANGUN URANG SUNDA > (EKONOMINA, POLITIKNA, PENDIDIKANANA, BUDAYANA, > SOSIALNA, JRD) > > Wassalamualikum Wr. Wb. > Baktos ti Pribados, > Runa Inawan - KUSnet > > __________________________________________________ > Apakah Anda Yahoo!? > Lelah menerima spam? Surat Yahoo! memiliki perlindungan terbaik terhadap spam > http://id.mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12huvrv6j/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124685311/A=2894350/R=0/SIG=10tj5mr8v/*http://www.globalgiving.com">Make a difference. Find and fund world-changing projects at GlobalGiving</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

