Alhamdulillah, Tepang deui sareng dulur. Kumaha, masih keneh jadi tempat 'ngadu bako' Indonesia, Bremen teh?
DS --- joko_teguh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Upami demo SDSB abdi oge ngiring, kantenan bae emut > keneh ka kang > darmawan(FE Unpad, kordinator presedium senat), asep > berlian(FSRD), > kang hudaya(HI),kang Cipto(hukum), budiwidya(HI) > dll, nulianna teu > apal deui, seseringna abdi jadi peserta wungkul, > sakali-kalina jadi > organ demo jadi pembatu umum, dina demo nu katilu, > upami kang darmawan > pengompor sejati hehehhe, my favorit. > Kaleresan sakola sma kang darmawan sa alumni, sami > di majalengka, > beda angkatan. > Upami kang asep berlian mun keur demo sering maca > puisi bari > nyebutkeun no kartu mahasiswana bisik intel rek > nyatet saurna. Mun > keur ngahadiran ceramahna pak Jalal di jln kebatian > dina sesi > pertanyaan Asep sok turas taros, pernah di waler ku > pak jalal bari > heureuy: ini ada pertanyaan dari asep berlian tapi > sayang > pertanyaannya kurang brilian :). > Mugi pameran kang asep berlian sareng buku puisi > dzikir die eropa na > sukses, amin. > Upami kang saeful (mantan senator)ayeuna nuju di > kota manheim > program S tilu, tepang taun kamari. > > kanggo kang darmawan, salam ti abdi ti anak buah, > pun rai. > > joko teguh ti majalengka > bremen > > > > > > > --- In [email protected], jaka ekalaya > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Salam, > > > > > > Ah, Asep Berlian. Raka, batur jaman taun-taun awal > > 90-an. Anjeunna di ITB, sim kuring di Unpad. > patepung > > teh nya kitu jeung kitu wae. Mun teu di lapangan > > parkir utara Unpad,--ngademo larangan jilbab, > SDSB, > > nya di Liga Film mahasiswa (LFM) ITB, lalajo pelem > > murah. Keur kitu teh bisa nakolan korsi deuih, mun > > pelemna lila diputer. > > > > Ah Kang Asep,--lila-lila da loma, kuring ngan > nyebut > > Asep wungkul. Baheula mah tara tuna ti saragamna: > buuk > > jabrik panjang, jaket kumel, siga nu kuring. > sapatu > > boots cara nu sok dipake ku nu tarumpak Harley. > Ari > > dahar mun jeung kuring mah sok di Si Bu > > Tunduh,--teuing aya keneh kitu? Di pengkolan jalan > > Dipati Ukur jeung jalan singaperbangsa. Murah, > jeung > > gule ngan 500 perak. Mun keur aya duit kakara ka > Haur > > Mekar atawa ke Gratia di Sekeloa. Ubyung ulubiung > > jeung batur nu rata-rata boga duit bulanan ti > indung > > bapana. Kuring jeung Asep? Nya kitu tea we.... > > > > Meuting biasana di Masjid Salman , kadang di > kampus > > UNPAD, di GSSTF. Hiji dua aya oge datang ka > 'pondokan' > > kuring, Masjid UNPAD Dipati Ukur, peuting-peuting. > > Biasana mun Asep datang, der we ngobrol parat ka > > subuh. Atawa mun keur aya duit, nya ngurilingan > > Bandung. Leumpang we, tara ieuh make angkot atawa > > motor. > > > > Alhamdulillah atuh, ari geus jadi jalma mah kang > Asep. > > Ngiring bingah,lah. > > > > Darmawan Sepriyossa > > > > > > > > > > --- Hasan Supriadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > > Asep Berlian mah sakaterang kuring ngaran jalan > di > > > daerah Cicadas, tempat uing sakola agama baheula > > > zaman keur olol leho keneh... > > > > > > sok inget teh basa dipalak duit ku urang dinya > (duka > > > urang dinya, duka lain ketang...), atuh kapaksa > duit > > > bekel ti dibikeun... > > > hehehe... > > > > > > > > > ^_^ > > > > > > > > > ----- Original Message ----- > > > From: ma_wardi > > > To: [email protected] > > > Sent: Tuesday, August 23, 2005 1:49 PM > > > Subject: [Urang Sunda] urang sunda ngumbara ( > > > zikir di eropa - Asep Berlian ) > > > > > > > > > keur jumaahan di mesjid salman, papanggih deui > > > jeung babaturan > > > baheula , si Asep Berlian, > > > tapi aya na mah geus hebat euy , ngayakeun > pameran > > > lukisan jeung > > > peluncuran buku puisi na di hotel > panghegar-bdg. > > > > > > di uleum ku anjeun na, dongkap weh abdi teh ka > > > acara pembukaan nana, > > > kaping 17 agt , da iraha deui atuh bisa ulin > ka > > > hotel nu ajreng jiga > > > kitu > > > > > > pas pembukaan, mani seeur oge nu hadir > seniman2 > > > bandung , aya > > > sakeudik kata sambutan ti guru spiritual na > Asep , > > > ajeungan ti > > > cicalengka, nu muka sakola di jl kebaktian, > kiara > > > condong, KH > > > Jalaludin Rahmat. ( mantan dosen fikom unpad ) > > > > > > di ruangan luar jeung lobi mani se eur lukisan > si > > > Asep, aya nu > > > kaharti aya oge nu teu kaharti gambar naon, > tapi > > > rarasaan da asa > > > resep weh ningali na teh. > > > > > > ceunah eta lukisan jeung kumpulan puisi teh, > hasil > > > lalampahan > > > anjeuna , di eropa baheula ( th 96-97 ) > > > > > > buku kumpulan puisi na, dibere judul Zikir di > > > eropa , nya eta eusi > > > na, perenungan anjeun na ,sebagai urang sunda > - > > > muslim , nu keur > > > ngumbara di tempat anu teubih , alhamdulillah > > > tiasa keneh kaemutan ka > > > gusti nu maha kawasa ( zikir ). > > > > > > aya nu menarik oge dina salah sahiji eusi > puisi > > > na teh, > > > ngabandingkeun antara kageulisan kasomeahan > mojang > > > priangan jeung > > > european girls ( gadis eropa ) , kajeun se eur > > > manggihan nu garelis, > > > jangkung bodas , tapi duka kumaha si Asep, > emutan > > > nana babalik wae ka > > > mojang geulis ti bandung , ceunah mah kajeun > > > kumaha , bodas na , > > > jangkung na, awewe eropa , tapi tetap nu > langkung > > > hebat mah, mojang > > > priangan ,geus geulis ,bageur jeng someah deui > ( > > > tapi ceuk abdi > > > teh, Sep can tangtu ayeuna, hese pisan neangan > nu > > > kitu ayeuna mah ) > > > > > > ( judul puisi na ; antara de el roita gadis > italia > > > dan lina herlina > > > mojang bandung ) > > > > > > wargi sadaya, pameran lukisan teh , sareng > bilih > === message truncated === __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

