wa'alaikum salam wr. wb.
Haturan Teh Eva.
.... kutan!!, kitu dongengna teh??? matak gagaro teu ateul atuh mun kitu mah!
Teh Eva........, kapan di urang mah bala-bala bin bakwan teh salah saloba kadaharan du dipikaresp ku cacah. Salian ku alesan 3m tea (murah, meriah, meu-nyeubeuh - hehehe) oge teu pati hese manggihanana, da di lembur mah sigana masih aya nu nguriling mamanggul si bala-bala saparakanca teh..... tapi teuing ketah kiwari mah, teuing masih aya teuing hanteu nu jualan bala-bala teh!
... da cenah na keur langka BBM jeung listrik teh. Aya deui beja cenah keur katarajang busung lapar, mplu manuk, jrrd.. ah pokona mah karunya weeee!!... eh!! ieu mah!!, naha jadi kadinya ngaleorna... ke urang balikan deui, kana bala-bala .. :DDD
Ceuk kuring mah si bala-bala teh pikeun urang deungeun, ayana ku nikmat teh meureun pedah eta bahanna tina legumes (basa parancis, baca: sayuran), nu meureun rada aheng ceuk urang deungeun mah... naha aya sayuran bisa di goreng cenah! heheheh
Ngarasa aheng kana kadaharan kitu teh lain bangsa deungeun bae... kuring ge aneh ari nempo jelema di lembur teh (komo mun di kota mah) ningan mun geus dahar croissant teh asa geus naek darajat saeutik... sapadahalna mah di nagri asalna mah sarua bae... eta teh kadaharan cacah.
Mun dijujut deui, cenah na dingaranan bala-bala teh pedah we eta nyieuna teh asa barala da sasayuran sabondoroyot teh meni digula-galo jeung tarigu.... kitu deui si croissant, mun apal kana sasakala na mah pikeun umat islam nu panatik mah sigana matak embung ngadaharna.
Sok atu Teh Eva!!. Sugan we Teh, si bala-bala teh di ditu mah bisa siga si croissant didieu ...... hehehe... geus ah!
..... croissant yessss... bala-bala yes!! komo mun di cengekan mah :P
-pun adi-
*ngacapruxxx deui poe ieu,... padahal mah keur loba hancaeun ieu teh!!
****************************
On 8/24/05, eva hendayani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
-------xxxassalamualaikum wargi sadaya,
----xxxtah dinten kamari abdi kenging telepon di bibina caroge nu weekend kamari ngiring dinner tea, cenah anjeuna dinten jumaah enjing bade ngulem rerencanganana dinner, cenah hoyong di pangmasakeun eta angeun kacang sareng bala2 tea.
janten kapikiran, ari di lembur batur bala2 teh janten primadona, janten hidangan anu istimewa, ari di lemburna nyalira bala2 teh jajanan anu teu dipandang sebelah mata istilahna mah.
tos sakitu weh heula.....hapunten bilih aya kalepatan basa
wassalam,
eva
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

