Baraya, urang sarerea sadar yen dina khazanah kasundaan kiwari, KUSNET geus jadi hiji "ikon lain" gerakan kasundaan anu diitung. tapi, ceuk paninggali kuring anu de-et keneh, gerakan anu diwangun ku individu KUSNET masih keneh paburencay, sporadis, jeung kurang sistimatis. ninggali kaayaan kitu, ceuk pamikiran kuring, urang kudu mimiti ngawangun hiji model gerakan anu bisa dilakukeun ku sadaya resources KUSNET.
tapi memeh asup kadinya, aya anu pundamental anu ku urang kudu dibebener, nyaeta wangunan institusina sorangan, dina hal ieu KUSNET jeung PERCEKA. Can lila, kuring ngobrol ngenaan ieu. akhirna aya ide kumaha mun ngelegalkeun KUSNET. Kumaha carana? Gampang! pan geus aya Yayasan PERCEKA anu jadi payungna. Tah, KUSNET bisa jadi salah satujuh divisi dina PERCEKA, atawa Badan Pengurus Harian, atawa naon wae ngarana anu sipat pagaweana eksekutif. Relasi atawa hubungan antara KUSNET jeung PERCEKA estu instruktif. Kumaha praktekna? Kieu, KUSNET jadi LSM anu kakalayaban di dunya nyata oge. Lain, nyaingan PERCEKA, tapi justru jadi papanjangan lengen PERCEKA. Ide kuring, KUSNET jadi KUSNET Institute anu ngabogaan visi, misi, jeung ART sorangan. Pamikiran ieu mucunghul kusabab tuntutan stratehis anu manjang. conto, mun KUSNET atawa PERCEKA rek neangan "pagawean" boh kucara "gawe bareng", atawa sponsorship, atawa naon wae, bisa leuwih motekar. Sugan we, pagawean eta aya leuwihna, nya bisa jang insan KUSNET anu ngokolakeunana, leuwih jauh keur ngalaksanakeun gerakan anu jadi visi misi urang sakabeh. Saha SDM na? Seu-eur. Ngaleuyah, malah mah. Aya MJ, Ua Sas, Bah Willy, Kang Oman, Kang Yaya, Kang Ganjar, Ua Sidik, Teh Neni, jeng sadayana. Mun aranjeuna super sibuk, pan aya budak ngora, saperti Kang Runa, Kang Reza, Kang Cepi, Neng Iva, jeng sajabana. Anu sarepuh, mun ngaraos kirang waktos, atuh jadi staf ahli we, atawa dewan pembina, dewan penasehat, jsb. keun anu ngarora sina motekar. da, katinggalina mah, seu-eur pisan garapeun teh. Conto, Kang Eko hoyong gaduh toko On Line anu nyayogikeun rupa-rupa produk urang sunda. Engke otletna aya di Texas, di Korea, jeung di mana2. anu penting ceuk kuring mah, nyaeta, komunitas urang sunda di internet ayeuna geus waktuna tandang di alam nyata. narjamahkeun visi jeung misina dina gawe praktis tur strategis. kaasup, meureun (tapi kuring rada bari seuri) ngarebut ITEUK kapamingpinan sunda ka hareup. He...he... tapi sadayana ge nyanggakeun. ieu mah ngan saukur ide. kumaha barudak ngora tah? baktos tantan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> <font face=arial size=-1><a href="http://us.ard.yahoo.com/SIG=12h2f9eb2/M=362343.6886681.7839642.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124886794/A=2894352/R=0/SIG=11fdoufgv/*http://www.globalgiving.com/cb/cidi/tsun.html">Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now</a>.</font> --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

