Assalaamualaukum, Sim kuring seja nepangkeun ka baraya sadayana, wasta sim kuring Egi Al Ghifari, kawit ti Bandung (nanging sepuh calik di Ciranjang). Kiwari buburuh di Dubai, janten tukang icalan cai tiis (mangga diantos nu meryogikeun). Saleresna tos 3 taun langkung (raraosan mah) sim kuring noongan ieu milist, malih parantos sababaraha kali gentos alamat email (lulusan sakola sim kuring tos katelah "kutu loncat"), nanging kapungkur mah unggal gentos imel, teu kantos kenging email ngeunaan "aturan" kangge nu nembe gabung. Geuning ayeuna mah aya email ti admin kangge nu nembe gabung supados kersa nepangkeun. Mangga baraya, salajengna sim kuring mah bade seueur noongan deui wae,.... Wassalam, Egi
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/KG3KmC/4zNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

