Assalamu'alaikum. Daramang sakumna baraya di babakan US, abdi alhamdulilah aya hibar pangdu'a ti sadaya. Nyumponan pamundut ti teh mpup, oge ngaguar kapanasaran nu sanesna ngeunaan tumuwuhna tulang urang, tiasa kasanggakeun pedaran singget sakumaha dicutau dihandap ieu : Tumuwuhna Tulang, Tumuwuhna tulang manusa, teh bisa digolongkeun kana dua golongan, kahiji tumuwuhna tulang disabudeureunnana nu ngajadikeun tulang urang ngandelan jeung ngagedean ukuran tulang, nu kadua tumuwuhna tulang nu ngajadikeun tulang janten panjang. Golongan nu kadua ieu nu gede pangaruhna kana jangkung pendekna hiji jalma. Dapur nu ngajadikeun tulang tumuwuh panjang ieu ayana di sabudeureun tulang sandi antawis 5-8 senti disaluhureun atanapi sahandapeun tulang sandi. Ieu dapur teh biasa disebut "efifise" atanapi cakram tumuwuhna tulang. Kunaon disebut cakram, kumargi wujudna memang siga piring/cakram nu mangrupakeun wilayah tulang dimana sel-selna aktif nyiptakeun sel-sel tulang anyar (duplikasi). Tulang nu ageung pangaruhna kana jangkung pendekna jalma nyeta tulang suku (ti mimiti ping-ping nepi ka indung suku) jeung tulang tonggong (vertebra), ti mimiti tulang beuheung, tonggong jeung cangkeng. Ngan kudu di inget tumuwuhna tukang teh teu ngan saukur ku aktifna sel-sel tulang meulah maneh (duplikasi) tapi oge dipangaruhan ku kadar kalsium nu bisa disimpen dina sel-sel tulang nu bakal ngawangun jeung ngawentuk tulang nu kumplit. Janten karancangna tina sel-sel tulang nu ngawangun bangunan tulang eusina mineral kalsium jeung mineral lianna kayaning magnesium fosfor kolagen jrrd. Cakram efifise ieu teh bakal nutup dina hiji mangsa nu pinasti, ngan antara jalma nu hiji jeung nu lianna beda waktuna, ngan numutkeun panalungtikan para ahli, pikeun awewe nutupna cakram antara umur 17-21 taun pikeun lalaki nutupna antara umur 21-25 taun. Kusabab kitu sapanjang cakram ieu can nutup tumuwuhna tulang bisa di bantu ku jalan ngaaktifkeun sel jeung nedunan kabutuhan kalsium jeung mineral lianna nu diperlukeun ku dapur tulang tea. Faktor lianna oge faktor turunan/genetik. Baheula aya alat nu katelah ortopedi, nu cenah keur ngarangsang tumuwuhna tulang. Aya benerna ieu beja ngan teu lengkep. Mun teu salah mah eta teh sarupaning alat nu dipasang dina dampal suku, terus si alat teh ngageter. Dina panalungtikan memang aya postulat nu nerangkeun yen geteran2 leutik bisa nimbulkeun sel tulang leuwih aktif (micromovement). Ngan teori ieu salah dilarapkeun, kahiji geteranna kudu bisa kaasup geteran mikro tea, kadua wilayah tulang nu dirangsang lain na dampal suku tapi didaerah cakram tadi salila cakram can nutup. Ka tiluna, nu tadi tea, teu ngan saukur ngarangsang sel oge kudu di lengkepan ku nyumponan kabutuhan kalsium tea.(antara 1000-1300 mg sapoe). Sumber kalsium ieu naon wae bisa kumaha kacocokan-kasedepna. Rek ngadahar surawung, daun gedang, daun tangkil, teri,impun, tutut beunteur atawa meuli suplemen. Aya oge usaha keur nambahan jangkung teh ku jalan ditarik, ieu ge ngan saukur menerkeun urat-urat tulang tonggong nu kurang ajeg, jadi nambahannana teu sabaraha oge upama teu dilatih jeung teu mayeng bakal balik deui (dina sahiji buku tilang tonggong teh bisa diregang anatara 0,5-1 milimeter). Usaha ieu teu bisa dilakukeun jeung aman pikeun jalma nu cakramna geus nutup. Cara sanesna salian ti ditarik , nyeta latihan 'full up', ngojay jeung ngabiasakeun posisi diuk jeung nangtung nu ajeg. Usahakeun bobot awak tong jauh leuwihna tina beurat awak nu proporsional (ideal,=(TB - 100)-10%(TB-100), supaya urat nu diregang tadi teu jadi sibuk nahan beurat wak nu kaleueuwihi. Cara lianna nu kawilang beurat naeta ku jalan di operasi. Ku cara ieu tulang ngahaja dipotongkeun, terus dicangkok sumsum tulang atawa sel tulang, terus ditariklalaunan sapoe 0,5-0,1 mm. Pikeun narik tulang ieu tulang dipaeuk di luhur jeung handap. Cara ieu biasana dilakukeun pikeun ngoreksi atawa ngarekontruksi tulang nu teu saimbang kenca katuhu. Cag sakitu heula... Puntn teh mpup nu leres SpOT (spesialis Orthopaedi dan Traumatologi, atanapi SpBO, spesialis Bedah Orthopaedi). Oge peryogi kauninga ku barauya US sadayana profesi SpBO kadang di masarakat sok seu eur lepat hartos kumargi kalebet profesi enggal (Sa-Ind. nembe aya 240 jalmi), mung saukur panjangkeun tulang, Saleresna widang orthopaedi teh kacida luasna, tingawitan cacat bawa lahir, infeksi, kacilakaan, proses tumuwuhna jeung proses degeneratif oge kanker, tina tulang, sandi, urat jeung saraf. Naha ku jalan landong, atanapi operasi oge usaha-usaha pencegahan. Janten widang orthopaedi tiasa ngalandongan ku jalan kimiawi atanapi operasi (nyambungkeun tulang, saraf jeung urat getih, oge ngaropea cacat supaya fungsina sampurna jeung ngadeukutan wentuk aslina, dan moal bisa nyaruaan buatan gusti mah nya :-). Hatur nuhun...
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

