Title: Message
abdi satuju sareng pamadegan kang miih,
eta perkawis lepat milih, asana teh moal dosa da urang geus usaha anggap we urang geus ngalakukan hiji iztihad, geuning ceuk ustaz di masigit oge lamun urang nyokot kaputusan terus hasilna bener, eta menang dua pahala, pahala kahiji urang geus wani nyokot kaputusan  anu pelik, pahala kadua lamun kaputusan urang bener , lamun ayeuna hasil kaputusan urang salah , nya tetep meunang  hiji pahala nyaeta geus wani ngambil kaputusan.
Oge pilakadar ayeuna nagri urang keur nyiruruk karana dollar naek terus eta mah lain salah salah teuing "SBY", da geuning kahirupan urang masih gumantung ka nagri deungeun, teu bisa hirup sosoranganan..
 
baktos
tatan
 
-----Original Message-----
From: Miih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 30, 2005 11:09 AM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan

Ulah meni kitu atuh baraya,
meni kudu doraka abdi mah alim ach
naudzubillahi mindzalik
 
ulah meni su'udzon kitu atuh
pan mimpin jalmi anu sakieu
seueurna susah kang,..
pan Penduduk Indonesia teh
kacida seueurna..
 
boro2 mimpin jalmi anu seueur
baru tingkat RT oge pan meni susah
komo mimpin tingkat Nasional mah
Pak SBY teh ulah meni disalahkeun
 
mun teu salah mah sepak terjang
jeng kerja keras pak SBY buat Masyarakat teh
tos dijalankeun...
ngarana oge jalmi teu sempurna jeng deui
kemampuana terbatas...
 
contohna ka office abdi oge tos tilu kali
terus kukurilingan di Kawasan Industri
setelah itu kukurilingan deui ka lembur
ka Masyarakat....
coba mun ditilik-tilik mah ti jaman soeharto
oge can aya president turun ka Masyarakat
daekeun kukurilingan di kampung..
 
nah eta contoh president daek bermasyarakat teh
 
punten we kanggo kasadayana...
 
 
 -----Original Message-----
From: Deny Suwarja [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, August 30, 2005 10:40 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Hebat Pamarentahan SBY sagalana aya paningkatan

heuheuheu, hiji deui kang! pangangguran bakal naek jadi 70% cenah!
Doraka tah siah anu nyolok jeung marilih SBY!
 
Uing mah golput ieuh we! anu jelas mah, uing neang bensin jang motor kolot kuring jeung minyak tanah jang masak kudu kukulintingan heula, jabaning ampir tiap waktu lampu/listrik pareum wae!
 
Dny
 
 


Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sanggeus sawatara waktu SBY calik dina korsi
kapersidenan, geus katingali aya kamajuan, sagalana
geuningan meningkat dengan pesat, diantwisna:

1. Dollar naek pesat pisan, saurna diprediksi bakal
kena kana level 16.000 perak.
2. Jumlah pangangguran oge naek kacida pesatna.
3. BBM oge naek deuih.
4. Kajahatan, di taksi, dimana bae oge teu kinten
naekna.
5. Koruptor bergerak kacida pesatna sabab
masing-masing gaduh pesawat jet nyalira.

Mangga naon deui tah nu naek pesat teh?

Nu turun mah sigana ngan moral jeung harga diri.

KangYa


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Start your day with Yahoo! - make it your home page


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke