Wah....teu nyangka eta jang Roiz mani bisaan kitu, mani merele ngaruntuy jeung murwakanti deui....heheh.
cageur jang....??? nuhun ah.....

"kujangs"



On 8/30/05, roisz <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
teu daya teu kawasa
keur ngomentaran nu aya
nu kalaku, boh nu kaliwat boh nu bakal datang

rumasa jadi jelema teu ngarti
ngan saukur ninggali

rumasa jadi jelema teu boga
sagala ge saaya-aya

rumasa can asa dewasa
asa teu bisa-bisa

nu ngarana manusa ngan bisa ninggali saayana, teu bisa ninggali naon nu aya dina hate jeung pikiran manusa lianna.

SBY ayeuna keur dirundung duka, ieu bangsa ripuh kacida. karek sataun di istana, capek taya duana. teuing sabaraha lila sarena, teuing geus sabaraha lila teu maca buku favoritna, teuing iraha panggih ilubiung campur gaul jeung tatangga deketna, anakna, babaturanana.

Mega, keur era kacida, partai PDI keur lieur kacida, turun tina tahta kulantaran eleh ku mantan babuna. hese ngaikhlaskeun kaelehanana.

Gusdur, istirahat, menuai kritik, pasti sok beda, mahiwal jadi pasipatanana.

Habibie, di Jerman keur naon? indit ti lemah caina kulantaran euweuh nu ngahargaan didieu, dimanja ku batur, dipopohokeun ku bangsana.

Soeharto, rek sakumaha badag dosana, rek sakumaha kejam andika baheula, na jero hate kuring mah kuring yakin yen anjeun kaduhung taya duana. nyesel, tapi da kudu kumaha.

Soekarno, sing ditampi amal ibadahna ku nu maha kawasa.

kuring mah ngan bisa ngahaturkeun nuhun ka aranjeunna, maju mundur bangsa aya dina campur kadua lengenna. aya dina cape maranehna, da ngarumasakeun ngan bisa menta jeung hayang hirup ngenah, ngabayangkeun gaji gede gawe saeutik siga dina senetron.

Kuring mah ngan bisa salut, da kuring mah teu mammpu jadi peresiden.

lepas kana sagala kagorengannana, urang kudu turut ngabantu, minimal ku du'a sangkan maranehna salamet, sarehat, lain kalahkah digogoreng.
BBM naek, da urang oge nu boros,
listrik parem, da urang oge nu hayang maju
dollar naek, da urang oge nu mareulian

cag ah



On 8/30/05, waluya56 <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
Upami ningali macet nu unggal usik, dimana BBM dipiceunan teu puguh,
kuring kadang-kadang satuju BBM teh kudu naek. Ngan nyaeta sok
ngemut kumaha lamun naek sapedah wae kitu ka kantor? walah ...kantor
kuring aya di bandung kaler, jalanna naek, datang ka kantor teh
meureun luut-leet kesang kudu mandi heula ....hehehehe.

Aya usul ti pamajikan, meuli motor we, supaya irit. Motor enya irit
keur individu mah, tapi tetep we boros BBM ari sarerea naek motor
mah, sabab panumpang motor mah ngan duaan.

Sarerea naek kendaraan umum kitu? hayu ......ngan nyaeta kudu ati-
ati nyekelan tas jeung saku, bisi aya copet ....

Jadina teh teu aya pilihan .......

Baktos,
WALUYA

--Roisz Tèa
Mugia Urang Balarèa Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujengan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci
http://www.roisz.multiply.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke