Sim kuring bade ngiringan ngaramekeun, nanging sateuacana nyuhunkeun dihapunten 
wireh Bahasa Sundana rade "pabeulit". Salah sawios isu anu nuju rame di nagri 
urang ayeuna nyaeta Dollar,BBM, sareng Listrik...naon tah hubunganana tilu 
mangkeluk ieu? naha siga nu badami tah nu tiluan teh ngadoja urang?
Mung saukur informasi ka baraya Kusnet sadayana, saha wae nu janten presiden 
urang ayeuna, moal weleh mayunan kanyataan ieu, wirehna produksi minyak urang 
teh teras ngirangan, dugi ka ngawitan taun kamari mah Indonesia teh sanes 
pengekspor minyak nanging pengimpor. Produksi minyak urang ayeuna sekitar 0,93 
jt barrel sadinten (bandingkeun 1,5jt taun 70an), dupi konsumsi urang teu 
kirang ti 1,2jt barrel sadinten (taun 80aa mung kirang ti 1jt). 
Kanggo nutupan kakirang teu aya sanes urang ngimpor ti nagri deungeun, sepertos 
Iran sareng Timur Tengah. Cilakana pangaos minyak dunia teh geuning nuu 
"soaring" saur tukang minyak mah, pangaosna dugi ka langkung ti $70 sabarrel 
teh. Antukna Dollar urang seueur kasedot kanggo ngagaleuhan 
minyak....salajengna dumasar ka hukum ekonomi, pangaos Dollar tangtos naek.
Kumaha ari listrik?kaseuseuran ti urang gaduh anggapan yen listrik mah pan ti 
PLTA, teu aya hubungan sareng BBM. Anggapan ieu lepat, kumargi saleresna 
pembangkit-pembangkit nu kapasitasna kalintang ageung mah sanes ti PLTA, 
nanging ti PLTU (uap) anu ngagunakeun BBM sareng batu bara kanggo bahan bakar. 
Atuh sakali deui listrik oge geuningan caket pakaitna sareng BBM.
 
Cag ah,...bilih bosen ngaosna, dilajengkeun deui upami aya nu tertarik...
 
PS: 1 barrel kinten-kinten sami sareng 160 liter
Kecap-kecap italic mangga dikoreksi 
 
 

        -----Original Message----- 
        From: Endang Tatan 
                
        abdi satuju sareng pamadegan kang miih,
        eta perkawis lepat milih, asana teh moal dosa da urang geus usaha 
anggap we urang geus ngalakukan hiji iztihad, geuning ceuk ustaz di masigit oge 
lamun urang nyokot kaputusan terus hasilna bener, eta menang dua pahala, pahala 
kahiji urang geus wani nyokot kaputusan  anu pelik, pahala kadua lamun 
kaputusan urang bener , lamun ayeuna hasil kaputusan urang salah , nya tetep 
meunang  hiji pahala nyaeta geus wani ngambil kaputusan.
        Oge pilakadar ayeuna nagri urang keur nyiruruk karana dollar naek terus 
eta mah lain salah salah teuing "SBY", da geuning kahirupan urang masih 
gumantung ka nagri deungeun, teu bisa hirup sosoranganan..

--< diteukteuk ku kuncen... euy! >--

------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give at-risk students the materials they need to succeed at DonorsChoose.org!
http://us.click.yahoo.com/Ryu7JD/LpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke