Leres Kang Kumi oge Kang Waluya, sakaterang abdi Snouck hirup di abad ka beh dieu nakeun (abad 19-20). Sedengkeun carita Nyai Roro Kidul di Jawa (Mataram) tos diserat di jaman Sultan Agung (Babad Tanah Jawi) (abad 14-15). 
Upami numutkeun Mikihiro, Pamarentah kolonial ngalarang penyebaran Kristen di Tatar Sunda, da bilih diprotes ku para ulama. Saurna nerjemahkeun Injil kana basa Sunda oge dicaram.
Janten rada teu cocog upami urang nyebatkeun si Aki Snouck nu ngarang rupa-rupa dongeng di Tatar Sunda.

kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Rada hemeng kuring mah, Kang.... Si Snouck mah pan hirupna teh mangsa ahir abad ka-19/awal abad ka-20, sedengkeun mitos/legenda nu aya di urang, misalna Nyi Roro Kidul, Sang Kuriang, boa geus aya ti samemehna. Jadi, kateuing atuh...

jk

On 8/31/05, Whisnu Budhysantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah kunaon sabab na carita nyi roro kidul janteun mengpar teras seueur
pisan sisi ghaib na, saha anu ngadamel eta?
Sakateurang abdimah anu ngadameul nateh nyaeta snuck honukegronye
(punteun di pilari bilih leupat dina ejaan namina), anjeunna orang
belanda anu tugasna memperdalam islam anu janteun agama kapercayaan
bangsa jajahan (indonesia, dina waktos harita) tujuan nana kanggo
ngancurkeun kapercayaan bangsa jajahan, supados misi kolonial waktos
harita nyaeta "gospel" tiasa kahontal. Janteun anjeunna tiasa nyarios
yen umat islam (bangsa jajahan maranehna) mah teu leuwih ti umat anu
percaya ka "jurig" saperti roro kidul, tujuan nana jelas kanggo
ngancurkeun islam, supados aya anggapan islam sanes agama anu rasional
ceuk mananehna, leubah dituna ceuk urang islam sorangan.

Kaleubeut dina hal ieu dogeng - dongeng nu sanes sapertos sangkuriang,
ciung wanara, lutung kasarung, etc. sadayana oge damelan anjuenna kanggo
nyukseskeun misi na dina "gold gospel and glory" ngalangkungan "devide
et empera" salah sahiji na.


Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke