|
Nedunan Jangji Sim Kuring Ka Kang Waluya sareng Teh Ika
perkawis referensi, referensi kuring nyaeta :
Kang
Waluya sareng Teh Ika leureus Lutung Kasarung tina pantun, mung carita eta oge
kantos dianggo ku Walanda kangge "neunggel" urang sunda, Kitu deui carita
Siliwangi Jadi Meong, Sangkuriang, Upami Roro Kidul sareng Kian Santang mah
dinaggo ku Walanda kangge "neunggel" Islam (agama mayoritas urang sunda harita -
bangsa Jajahan), atuh carita anu sanes sapertos Ciung Wanara, Palagan Bubat
sareng Dipati Ukur, sok sanaos aya nu leureusna tapi di ageung -
ageungkeun ku Walanda kanggo mecah belah (devide et empera) Sunda -
Jawa.
Tah
numatak eta, di Sunda mah, teu aya perang rongkah anu taunan sapertos Perang
Padri, Perang Teuku Umar - Cut Nya Dien, Perang Pattimura sareng perang
Diponegoro dina ngalawan Walanda, ku margi urang sunda mah tiasa
"dilumpuhkeun" ku budaya na sorangan (Van der flas). Sok saha geura inohong
Sunda anu ngalawan Walanda dina entragan eta?
Malih
pami, ngarujuk ka Kang Waluya mah : "....Anu aya malah ulama Islam
Panghulu Mohamad Musa anu nyobat jeung K.F Hoele jeung Panghulu Haji Hasan
Mustapa nau nyobat jeung juragan Snouck Hurgonye...."
Geuning inohong Sunda jaman harita mah
kalahkah nyobat sareng Walanda teh, batur mah toh-tohan, dug hulu peut
nyawa berjuang ngalawan penjajah, ieu mah kalahkan nyobat!
Hatur
Nuhun Ka Kang Waluya anu parantos nyarankeun ngaos sababaraha Buku anu
abdi yakin tiasa nambihan elmu dina hal Kasundaan.
Hatur
Nuhun.
All The Best,
Whisnu
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Waluya Sent: Thursday, September 01, 2005 9:31 PM To: [email protected] Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro Kidul - sabangsa jin ? ) Teh Ika, keun we da Kang Whisnu ngora keneh
geuningan jeung anggota anyar deuih di Kusnet. Kuring mah ngan ukur bisa
nyarankeun ka Kang Whisnu, cobi tingalian buku-buku perkawis kasundaan.
Sapertos Manusia Sunda, Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana ( dua-duana
kenging Ayip Rosidi), Buku sajarah Basa Sunda kenging urang jepang atawa
oge upami sempet tingalian posting-posting di Kusnet perkawis kasundaan. Aya
sababraha postingan sim kuring perkawis Snouck Hurgonye jeung Haji Hasan
Mustapha. Aya oge postingan ti Kang Oman jeung nu sanesna.
Hayu Kang Whisnu urang sami-sami diajar, supados
urang teu pareumeun obor kana kasundaan.
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
|
- RE: [Urang Sunda] Re: Sajarah atawa babad (Nyai Loro K... Whisnu Budhysantika

