Teras dina makalah anjeuna nyinggung perkawis buku
Sangkakala Padjadjaran karangan Ir. Hidayat S, duka
kumaha upami anjeuna(Kang Hidayat) ngaos eta makalah!.
Upami numutkeun protokeler pemerintahan di
jawabaratmah anjeuna teh jalmi no.3 nu ngageugeuh
jawabarat, nu kahiji gubernur, nu kadua nyatana ketua
dprd nu katilu nyaeta sekda, anjeuna tea.
Duanana ge (Pa Ayip & Ki Beunteur) hadir dina acara seminarna teh (leres Teh Ika?), ari Ki Beunteur ka mana nya? Ari Pa Ayip mah da geus watekna kitu, mun ngritik teh sok ditenggelkeun kana mamarasna, tara kagok.
Sok hayang seuri dina hate, visi jawabarat teh nyaeta
: "Menjadi propinsi termaju thn 2010", ngahuleng terus
mikir... walah bener pisan visi etateh, mung macana
kedah nganggo logika, logikana kieu, propinsi termaju
thn 2010 (dari sejak tahun sekarang), jadi kirang
langkung jawabarat janten propinsi termaju teh tepatna
tahun 4015. Eta oge meureun. :)
Bet inget kana visi Kabupaten Garut kiwari, "Garut Bangkit, Garut Berprestasi". Naon wae cing prestasina? Neng Gita juara KDI!!! heuheu...
Dina prungna mah, sugan aya gereget nu beda... ih da lempeng bae... pangwangunan nu aya teh paling oge pangwangunan emol & plaza! Rada haneut soteh pedah wae masalah kampanyeu menta royalti ti pausahaan nu ngokolakeun PLTU. Teu langkung ti kitu...
jk
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

