Ku emutan mah, saena dicandak heula (diparioskeun) ka dokter ahli "anak-anak".
margi, namina murangkalih teu tiasa nyarios sanaos gaduh kanyeri, tah kuayana dicandak ka dokter ahli "anak-anak" tiasa kauninga naon panyawatna/kanyerina.
 
Pihatur
ssw

"Agam R." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, punteun sateacana ieu teh, bilih ngarepotkeun milihan huruf
milahan kata, nanging kasaha deui atuh ari lian ka dulur mah
nyuhunkeun pitulung emutan teh.
Kieu, simkuring ayeuna nembe dipaparinan karunia murangkalih,
pameugeut, yuswa sataun langkung saminggon. Keur mejehna, keur lucu-
lucuna, oge keur lieur-lieurna ngudag kahayangna. Tah, tilu minggon
kapengker manehna geuring panas, saur dokter mah radang tenggorokan, teras dipasihan ubat, alhamduliilah saminggon ti harita cageur.
Nanging tisaprak cageur, ayeuna aya pasualan anu ngarungsingkeun boh
simkuring boh pun bojo nyaeta manehna hese tibra ti peuting. Mun tas sare jam tujuh peuting, hudang jam sawelas, menta nyusu, reup deui,
satengah jam benta deui, nyusu deui, reup deui, kerek ge pun bojo
rek di salimut, goak deui….teras we kitu etateh. Kadang dugi ka
janari. Simkuring ge jadi sami, teu tiasa tibra, komo deui pun bojo, meuni calelong.
Tah kukituna, Simkuring nyuhunkeun bantosan emutan ka baraya sadaya. Boh ku pangalamanana,boh  ku pangaweruhna.  Naha kunaon eta budak,
sabab musabab nu bisa jadi matak, sareng kedah kumaha ngubaranana.
Sakali deui nyuhunkeun pitulungna. Tulung –tulung.
Haturnuhun,
Agam





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke