Carita Sangkuriang nunjukkeun yen sabenerna urang sunda teh geus "ngartos"
Teori Darwin ......hehehehehe. Aya sabaraha dongeng rakyat di Indonesia
(sanes di etnik Sunda wae) nu ngadongengkeun luluhurna asalna tina sato.
Salah sahiji sub-suku Dayak nganggap maranehna turunan manuk julang. Aya oge
nu ngaku turunan maung atawa buaya, oge aya carita nu nyaritakeun luluhurna
kawin jeung oray.  Dina TV, kantos ditayangkeun di hiji tempat  di Sulawesi
Selatan, aya nu ngaku ngalahirkeun anak lain jelema, tapi buaya. Eta buaya
teh dipiara, dinangna-nengne jiga ka anak jelema. Kulantaran urang Sunda
oge, ceuk cenah mah, sarua ras melayu, janten teu aneh upama aya dongeng nu
nyaritakeun kawin jeung sato, kaasup dongeng kawin jeung anjing. Anjing,
salah sahiji  sato  nu pangheulana didomestikeun (dipiara) ku jelema.
Hubungan jelema jeung anjing geus heubeul pisan. Ceuk dina TV, Dingo nu di
Australia, sabenerna mah anjing piaraan manusa prasajarah di Indonesia nu
dibawa ka Australia, nu ahirna anak baranahan jeung jadi anjing leuweung
(liar).

Sanggeus lebetna agama Samawi ti Timur Tengah (Islam sareng Kristen) nu
nyebatkeun yen manusa teh turunan Nabi Adam jeung jelema teh  makhluk
pangmulyana, kapercayaan asli nu pabaliut jeung sato ditinggalkeun,  ukur
jadi dongeng keur mepende budak samemeh sare. Ayeuna mah timbul niley anyar,
nu ngarasa hina lamun disebutkeun yen luluhur jelema teh asalna tina sato.
Dongeng Sangkuriang kapaksa "direvisi" disaluyukeun jeung niley nu anyar.
Dayang Sumbi lain anak bagong, tapi cenah mah raja nu "kiih" dimana wae,
tepi ka aya parawan kampung reuneuh, ngalahirkeun Dayang Sumbi. Si Tumang
oge kitu keneh, "direvisi", si tumang teh anjing kajajaden (hilap deui
dongeng revisina ......aya baraya anu terang?).

Jadi ngacapruks deui, tapi nu jelas mah, keur etnik-etnik di Indonesia waktu
jaman baheula mah, ngaku turunan ti sato atawa boga turunan sato teh, henteu
dianggap hina, komo lamun ngarasa turunan maung atawa buaya mah
.................

Baktos,
WALUYA

----- Original Message -----
From: "bagja" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, September 06, 2005 6:42 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Mencari Sosok Manusia Sunda


> ngenaan ms, aya anu teu di teuleuman ku ki ajip. nyaeta soal munculna
sosok
> tumang di na carita sang kuriang. naha di carita us aya anjing? pan anjing
> mah haram? sareng naha tumang dipaehan? us embung disebut jalmi haram?
tapi,
> punten ketang pasti tema ieu tos dibahas di milis. ngan sim kuring teu
imet
> mariksa postinganna.
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke