Alah. Geus mulai mere cap deui ka jalma. Nya moralis lah, nya naif lah. Baheula pernah aya nu 'pasea' di dieu gara-gara cap-capan. Baheula oge di milist ieu aya nu nyarankeun sangkan urangteh ulah gampang mere cap ka jalma. Mere cap semisal moralis, agamis, naif, munafik, jrrd. Tapi etamah ahirna gumantung ka jalmana sewang-sewangan. Cenah...CHOSE WHERE DO YOU WANTO TO GO.
akos kosasih wrote: > > > */waluya56 <[EMAIL PROTECTED]>/* menulis: > > Sanajan kuring lain urang Tasik, bade ngiringan mairan kana tulisan > ieu. Tulisan ieu kacirina ditulis ku jalmi (mahasiswa?) nu cicing di > kota jeung moralis tapi rada naif. > --------- > Duka tah bah Willy, hapunten abdi oge teu wanoh ka anu nulis seratan > eta. Mung, tiasa oge anjeuna jalmi anu moralis tapi rada > kritis. Gumantung kana urang anu meunteunna. > > Sabenerna mah soal dangdut lain > di Tasik wae, tapi dimana-mana di sakuliah Indonesia. Dangdut musik > rakyat jeung sifatna nasional. Dangdut baheula dianggap > musik "rendahan" milik kaum "pinggiran", selera rakyat kelas handap > nu hirupna susah. Keur kuring "abg" keneh (1970'an) kaum nu > ngarasa "adiluhung" era lamun ngadengekeun dangdut, jeung ngarasa > gagah lamun koleksi laguna pop-rock atawa jazz. > -------- > Muhun Bah leres. Abdi oge kungsi ngadangu kapungkur aya artis rocker > taun 70-an anu ngajejeleh dangdut pajarkeun ceunah lagu kampungan. > Harita, bang Haji nantang ngadu panggung jeung eta rocker. Ti saprak > eta, aya istilah dangdut teh musik kampungan. > > Ayeuna, sanajan > dangdut gengsina geus naek, tapi tetep we aya nu nganggap eta teh > musik "setan" jiga nu nulis postingan ieu, nganaha-naha pedah aya > pagelaran dangdut dihareupeun pasantren Cipasung. Padahal naon > salahna aya dangdut di hareupeun pasantren? > ----------- > Teu salah sih, mung teu pantes bae atuh Bah. > Piraku tempat keur ngala elmu agama anu sipatna ukhrowi pacampur jeung > kariaan anu sipatna duniawi. > Langkung bijaksana panginten, lamun panitiana ngageser eta lokasi > dangdutan na rada nyingcet saeutik ti hareupeun pasantren. Da asana > mah di Tasik teu kirang ku lapang lega. > > > Moral jelema rusak, nu disalahkeun dangdut, kumaha ieu teh? > neangan "embe hideung"? > ----------------- > Minggu kamari maca na kompas, ngeunaan kahirupan musik tarling + > dangdut di wewengkon pantura. Aya carita ti artis tardut anu hajjah, > yen remen pisan pagelaran tardut jadi binih gelut antar kampung (jadi > trigger-na). > Asana mah abdi teu acan ngadangu aya pagelaran nasyid atawa qosidahan > anu matak jadi pigeluteun antar kampung he he he > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery. http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

