Aya naon kang Akos....?
Ih.....bet, janten kerung ieu teh, naha kumaha kitu..? aya email naon atuh kang Akos....?punten si teteh mah teu ngabandungan, tapi upami aya baraya bade liren alatan postingan baraya sanes, si teteh sok rada curinghak.  Ulah atuh dugi ka megatkeun babarayaan, kedah ageung hapunten da sayaktosna baraya anu sanes oge moal dugi aya maksad awon. sanes kitu kang Akos...!
 
Baktos
teh tien
( kerung teu ngartos masalahna) 

akos kosasih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Haturan bah Willy,
duh ulah waka eureun heula atuh, Bah.
Abdi anu ngamimitian ngalungkeun eta e-mail rumasa boga dosa anu pohara gedena dina masalah ieu.
Ceuk paribasa mah "lamun enya waktu teh bisa dibalikkeun deui ka tukang, eta e-mail teh moal dialungkeun ka dieu.." Mung nyakitu, abdi teu walakaya malikkeun deui waktu ka tukang.
Nya hapunten anu kasuhun bae ka sadayana, khususna ka anu ngiring mairan ieu e-mail, rehna ieu e-mail baris megatkeun tali babarayaan sarerea.
Ampun paralun. Teu, abdi teu pisan aya niatan betan kitu.
Mugia urang sadaya salawasna ditangtayungan ku Alloh SWT.
 
Wassalam,
 
baktosna akos
 
 
----------------------
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
 
Ke puasana batal heula ngawaler heula Ki Hasan. Saleresna si kuring
teu masalah padungdengan kumaha oge, si kuring geus biasa hog-hag di
millis tatangga anu jauh leuwih heuras ti Kusnet. Ngan terus terang
we kuring ngarasa aya sikep kurang adil ti baraya Kusnet. Kuring
nyebut moralis jeung naif ka jelema nu sabenerna mah teu terang,
duka saha da sanes kang Akos. Kang Akos mah ukur ngaforwardkeun.
Soal "sumpah-serapah" sareng "caci maki", dina postingan Kusnet oge
seueur, contona nu anyar-anyar ieu aya nu nyebat GUS DUR EUSLEUM.
Tah kuring mah ngan ukur nyebut moralis jeung naif bari jeung ka
jelema anu teu puguh.

Kuring jadi anggota Kusnet geus ampir sarua jeung mimiti ayana
millis ieu. Rarasaan mah acan kantos ngajulukan baraya kusnet ku
julukan anu teu pantes. Kuring wani nyebut moralis jeung naif
kulantaran yakin, ieu nu nulis lain baraya Kusnet, sabab baraya
Kusnet mah, komo urang Tasik mah, moal kitu nulisna.

Tapi leupas tidinya, sakali deui kuring nyuhungkeun dihapunten, sok
ngacapruk kamana wae. Kuring oge ngarasa kuring sok "rada beda"
jeung pamandegan nu sejen (Kitu cenah ceuk Ua Sas mah basa mimiti
macaan postingan kuring).

Mangga ah..... puasa deui ....

Baktos,
WALUYA


Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke