Alah,...naha ngaos ieu komentar asa "kirang merenah" nya? make jeung aya
landian "moralis" sareng "naif" sagala. Sim kuring teu panuju upami di forum
milist kedah silih peunteun pribadi batur. Keun we, tos papada dewasa, sina
meunteun ku anjeuna sewang-sewangan.
Baktos,
Egi
-----Original Message-----
From: waluya56
Sanajan kuring lain urang Tasik, bade ngiringan mairan kana tulisan
ieu. Tulisan ieu kacirina ditulis ku jalmi (mahasiswa?) nu cicing di
kota jeung moralis tapi rada naif. Sabenerna mah soal dangdut lain
di Tasik wae, tapi dimana-mana di sakuliah Indonesia. Dangdut musik
rakyat jeung sifatna nasional. Dangdut baheula dianggap
musik "rendahan" milik kaum "pinggiran", selera rakyat kelas handap
nu hirupna susah. Keur kuring "abg" keneh (1970'an) kaum nu
ngarasa "adiluhung" era lamun ngadengekeun dangdut, jeung ngarasa
gagah lamun koleksi laguna pop-rock atawa jazz. Ayeuna, sanajan
dangdut gengsina geus naek, tapi tetep we aya nu nganggap eta teh
musik "setan" jiga nu nulis postingan ieu, nganaha-naha pedah aya
pagelaran dangdut dihareupeun pasantren Cipasung. Padahal naon
salahna aya dangdut di hareupeun pasantren?
Moral jelema rusak, nu disalahkeun dangdut, kumaha ieu teh?
neangan "embe hideung"?
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
1.2 million kids a year are victims of human trafficking. Stop slavery.
http://us.click.yahoo.com/X3SVTD/izNLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/