uing satuju ka mang Hasan jeung bah Willy. yen nu
nulis, mahasiswa KKNM, boga idealisme utopis atawa
gambaran cetek soal tasik, alatan aya cap kota santri
oge dangduts. siga nu can kungsi ka Mekah,
ngabayangkeun aman, padahal ceuk nu geus ka ditu, loba
copet oge cenah. hehe.
bari si kuring boga suudon ka eta msiwa, enya, sok
moralis bin naif. punten, si kuring sapopoe ulin di
kampus. tuh tingali ayeuna msiswa senior keur ngospek
nu karek asup. lingkaran teuing karuh. keur msiswa
demo, geus jadi pajabat mah nya kitu deui we, korupsi
deui we...hehe
ke heula.
soal dangdut heula. Inul imahna milyaran di Pondok
Indah, lain ladang ngadosenan siga uing, tapi ladang
dang duts. Itje Trisnawati bisa ngawangun masjid,
alatan tina dangduts (bari ditambah ku edi sud alm
jeung sponsor sejen).
==========
uing urang ciamis, kabupaten mah. tapi ari lembur di
sisi kaler citanduy. aya sasak gantung ti lembur ka
tasik. jadi tasik teh paranti ulin. kana angkot 09 ti
Cigeureung atawa 07 ti Sindangkasih. tasik teh enyaan,
ti mimiti ngabuburit keur SD, meuli karbit pikeun
lodong, ari boga duit sok ngojay di gunung
singa-ayeuna mah geus euweuh. ari keur boke ngojayna
pindah ka citanduy. nu dinesna mah ari diajak kolot
meuli beunang pikeun bahan ngabordel.
nasib uing, babaturan teh saluhureun kabeh. jadi anak
bawang. hiji dua nu sakola. heup. SMA ka ciamis kota.
kabupaten sorangan alesan teh. heup.
aya babaturan saluhureun dina peuting nu tangtu
-minggu atawa pere atawa mun aya acara- sok ka tasik.
cenah ka toko obat Lumpang Mas, Jl. H.Z. Mustapa,
saratus meteran kurang ti Masjid Agung Tasik.
sakapeung ngajak uing kana motor.
jualan obat wungkul tah Lumpang Mas? henteu. da
Mansion House oge dijual. baraya KUSnet mah pastina
saroleh ti baheulana. jadi moal arapal Mansion House
naon. eta whisky lokal buatan PT SUBA INDAH
Tangerang. hehe. tah si babaturan saluhureun teh meuli
nu kitu di tasik.
sigana ayeuna mah tos henteu.
______________________________________________________
Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.
http://store.yahoo.com/redcross-donate3/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/