Ari sakaterang abdi, aya anu disebat darah kotor dina istilah Biologi teh nyaeta: Getih anu parantos ngurilingan awak urang, anu ngandung karbondioksida (CO2) jeung naon bahan anu teu kapake ku awak urang. Ari dina agama mah enya, anu dimaksud getih kotor mah nyaeta kokotor hasil tina ngaluruhna (naon ari sundana : "meluruh"?) jaringan dina rahim kusabab sel telur teu "dibuahi" ku sperma!
Ari donor tea, eta teh upami teu lepat mah dicandakna teh tina pembuluh vena (sanes nadi) janten leres saur Neng Iva getih anu dipasihkeun ku urang teh saleresna mah geting kotor (getih anu seueur CO2) anu kedahna lebet ka paru-paru kanggot dibersihkeun sareng dilironan CO2-na ku O2. Kunaon bet henteu getih beresih anu tina nadi? Margi upami ditusukna tina nadi....MANA TEUING NYEBROT- na....! Deny --- In [email protected], abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ahh disedot kusaha??? > Bekam mah tiasa ngaluarkeun getih ti mana wae.... (tina mastaka, punduk, sampeyan, jrrd). > Bekam teh salah sahiji pengobatan ti junjungan urang Rasululloh SAW.... > > > > > iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kantenan atuh bah nu didonorkeun mah darah bersih. Abah lepat hartos. Maksadna ieu mah pami teu lepat nya, mung asana mah leres. Dina 4 bulan sakali darah mun didonorkeun janten sehat teh sabab tiap langkung ti 4 sasih si darah nu aya dina awak urang bakal janten kotor. Tah, ti nimbang ayeuna darah kotor eta, nu tangtos sateuacanna beresih, mending ku urang didonorkeun daripada disedot. > > Baktos, > Neng Iva > > abah kasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Benten atuh Neng Iva..upami "donor" mah ...masihan getih anu beresih.... > upami bekam.. ngaluarkeun getih kotor... > (maenya atuh masihan banda anu goreng/kotor ka batur..... siga "getih bulanan" wanoja pan teu tiasa di"donor"keun?).. > punten upami lepatnya! > Abah > (hoyong "donor" deui ahh) > > iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ceuk raraosan abdi ge mendingan didonorkeun daripada dipiceun mah. Ngadonorkeun ge salahsahiji mangpaatna bisa miceun getih kotor samemehna, leuwih ti 4 bulan nya. Jadi mun bisa 4 bulan sakali didonorkeun ngarah sehat. > Kang Dokter....abdi ge bade tumaros. Kunaon nya pami urangna nu ngerok sok karaos seueul. Aya "getarananana" (hubunganana) kitu kanu ngerokna....?? > > Neng Iva > > kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ki Daeng, sakantenan ah neraskeun jejer dikerok... > > Simkuring ge tos sababaraha kali nguping perkara teu hadena dikerok > teh, di antarana tatu kulit nu bisa ngabalukarkeun infeksi. Keur mah > deuih, ari model awak kuring mah teu kandel dagingna, jadi mun rek > dikerok teh teu tega, da bakal langsung benggolna trangtreng jeung > tulang... hehe > > Di urang populer deui perkara disedot getih (bekam tea kitu), pajar > teh cenah pikeun ngaluarkeun getih kotor, jeung deuih mun geus > dikaluarkeun getihna teh sok karasa seger, harampang. Ari kuring mah > can kungsi kikituan teh, can nanaon ge geus linu ti heula... > Patarosan simkuring, naha leres ayana istilah "getih kotor" teh? > Sareng naha eta teh valid, aya dalil2na tina segi elmu > tatamba/kadokteran? Sakaterang simkuring mah, rasa seger & harampang > teh sarua karasa nalika urang tas ngadonorkeun getih. Janten, daripada > dibekam, mending keneh sakalian donor darah. hehe... Leres kitu? > > jk > > On 9/6/05, dadang rukanta <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Prkawis kerok, muhun aya mangfaat nyaeta ngalancarkeun kokocor jalan > > getih oge. Maksadna lancarna kokocor getih nu nyangked (stagnan), nu > > karaosna pegel, cangkeul, teu raos di lebet (di istilahkeun lebet > > angin). Ku jalan dikerok dina tonggong (kalebet wilayah nu cekap > > luasna). Jalan getih janten lancar, tapi sanes kana jalan getih nu > > sakedahna, margi ku jalan dikerok pirang2 urat getih nu aralit > > (kapiler) rajet , getih nyaliara dina handapeun kulit (tandana > > beureum ngageleng). Ageung reikona ku margi (1) Muka lawang sigotaka > > pikeun asupna bakteri/kuman liwat rajetna kulit jeung jalan getih > > tilas kerokan (2) Saha nu terang duit bengol nu dipake ngerok teh > > beresih, kumha pami tilas dikolomoh nu HIV (+) atanapi HBS Ag > > (+)/Hepatitis hehe. kalituna (3) Pasti diseuseulan kunu kagungan awak > > urang (Gusti), Naha cenah ongkoh keur ngubaran tapi nyiksa kulit nu > > teu tuah teu dosa hehe deui...pan aya cara lianna nu langkung aman > > (meuseul, sauna, tuang landong jrrd). > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > > --------------------------------- > Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort. > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > > --------------------------------- > YAHOO! GROUPS LINKS > > > Visit your group "urangsunda" on the web. > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > --------------------------------- > > > > > --------------------------------- > Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

