--- "Mr. Runa Inawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Leres pisan upami eta udagan KRC teh mung wungkul
> kanggo KUSnet anu rata-rata tos damel sareng
> ngagaduhan akses ka internet. 
>  
> Tah dipalebah dieu KUSnet kedah metakeun SDM,kedah
> nganalisis peta kakuatan (SWOT tea) supados ka
> gambar kumaha posisi KUSnet sareng kedah kumaha
> satrategi solusina. Lamun urang keukeuh ningal kana
> kelemahan KUSnet sagala kahayang KUSnet moal bakal
> kacumponan. Tah panginten anu kedah dipikiran ku
> urang teh kumaha  nutupan kakurangan/kalemahan eta
> sangkan ide/kahayang KUSnet tiasa jalan. 
> Abdi emut keneh kan cariosan kang MH, saurna KUSnet
> ayeuna tos kedah ngadamel "pasukan darat KUSnet"
> supados sagala kagiatan anu di darat tiasa jalan
> lancar. Hal ieu anu kedah diemutan teh. Panginten
> ayeuna mah KUSnet kedah turun ka handap, mung teu
> sauukur "ngarekrut" urang anu ngagaduhan akases ka
> internet. 
> Didieu pentingna KUSnet kedah aya "organisasi" anu
> optimal jalanana teh. Sangkan sagala ide atanapi
> kahayang KUSnet tisa kajalanan. 

Hehehe Kang Runa, leres pisan, jiga kitu lamunan
kuring teh. Nu kabayang dina implengan teh, kusnet di
jagat maya sangkan jadi "trigger", jadi katalisator US
lianna. Misalna dina perkara mulasara basa jeung
budaya Sunda. Upama dititenan, kira-kira peta US bisa
dikelompokkeun jiga kieu: para dewa (para pendekar nu
geus moyan dina widang tertentu), para satria
(guru-guru, dosen, agamawan, seniman, jeung
budayawan), balad kusnet, para agniya (pamarentah
jeung no boga modal), jeung jalma biasa (urang sunda
pada umumna). Upama digambarkeun jiga kieu:

  -------------
  | Para Dewa |------------|
  -------------            |
        +             ----------------
        +++++++++++   | balad kusnet |-----
                  +   ----------------    |
  --------------- +        |   +          |
  | Para satria |-+--------|   +          |
  --------------- +            +     ---------------
        |   ++++++++++++       +     | para agniya |
        |         +    +       +     ---------------
  --------------- +    +       +           +
  | warga US    | +   ===============      +
  --------------- ++++|  Jagat Maya |      +
        ++++++++++++++|   INTERNET  |+++++++
                      ===============  
legenda:
 --- komunikasi jagat nyata
 +++ komunikasi jagat maya 

Palebah mana peran kusnet? 
Kusnet kira-kira baris jadi mediator, nu bisa
ngahubungkeun kapentingan tiap kelompok ngaliwatan
jalur "jagat maya" jeung "jagat nyata".

Salam,
mh



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke