punten kang agam, sim kuring nyanyahoanan bade masihan terang ka akang. da rumaos sim kuring teh sanes ahlina, mung ieu mah pangalaman pribados we, da rumaos pun anak nembe hiji, umurna oge nembe bade 2 taun.
aya sababaraha alesan putra kang agam siga kitu teh,
kemungkinan ka hiji, pami putra kang agam teh masih keneh nyusu ka indungna, eta mah biasa, komo deui nembe damang ti panyawat radang tenggorokan mah, carita na mah ogo budak ka indung.
nu kadua, panginten putra teh bade kaluar deui waos anu enggal. sim kuring oge kantos ngalaman anu samodel kitu teh 2-3 dintenan, pas dinten ka4na waos pun anak teh nambihan dua sakaligus. parios we gusina pami katingalna bengkak beureum, kemungkinanna leres bade kaluar waos enggal.
nu katilu, atos lumrah pami anak ASI mah biasana aktif, nya kagiatanna, nya otakna. henteu ngan siang wungkul perkembangannana teh wengi oge terus berkembang. janten kedah saimbang sareng asupan makananna, komo pan ASI teh cenah makanan terbaik kanggo murangkalih, makanan anu komposisi nutrisi pang kumplitna. pami ieu penyebabna, panginten anu tugasna rada beurat nya indungna, anu kedah tuang katuangan anu bergizi.
sakitu panginten pamendak sim kuring dina masalahna kang agam. tapi sim kuring kantos ngajalankeun naon anu disaurkeun ku kang ndoel, janten pun anak teh di sina aktifkeun pisan pabeubeurang, wengina alhamdulillah rada tibra.
kirang langkungna sih hapunten,
---havid---
iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ehm...nyaan kang doel bisaan trik ngadamel budakna mah...:P. Tah catet baraya kanu enggal nikah.Kang agam, punten nyanyahoanan....disebatkeun sateuacanna tuang putra teh gaduh panyawat radang tenggorokan. Saur abdi mah mending diparios deui bilih disebabkeun tina panyawat eta deui.Neng Iva
ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kang Agam...
memang nya kitu budak mah, sok 'nyiksa' ka kolot teh.
Da baheula urang gé kitu ka kolot téh, boa-boa urang mah
leuwih-leuwih, nya ?
Nu matak, urang kudu nyaah kanu jadi kolot urang ogé.
Ieu téh mangrupakeun panggeuing keur urang.
Teu béda jeung jalma gedé, mun tos gering, komo gering panas
mah, awak teh pan lalungsé. paregel. Kitu deui budak ogé,
ngan teu pok wé nyarita da can bisaeun téa.
paling ogé ngan bisa ceurik. Tah, nu jadi kolot kudu bisa ngarti
bahasa ceurikna budak, sanajan basa keur sakola teu diajarkeun
atawa euweuh kursusna bahasa ceurik budak téh.
Bisi wé budak teh aya nyareri awak atawa paregel téa.
Tapi maenya budak urang kudu dibéré jajamu pegel linu mah.
Paling oge nya dibawa ka tukang urut spesialis budak.
Dina umur-umur sataun dua taun, budak téh sok manggih parobahan
siklus atawa kabiasaan waktuna saré.
Biasana saré tibra tipeuting, bisa jadi robah tibra saréna jadi
tibeurang. atawa sabalikna.
Tah, nu ayeuna sok nyaring tipeuting, urang kudu ngarobah kabiasaan
saréna. Tong loba teuing disarékeun ti beurang, rada dikurangan
wé. Budak téh kudu loba dibébénjokeun ngarah aktip, loba ulin
ti beurangna, ngarah peutingna capé, jadi bisa saré tibra ti
peuting éta budak téh.
tuluy kolotna ogé bisa nyaring ti peuting tur salsé nyieun
budak deui. kitu lin ?
heu heu
Punten ah, nyayahoanan....
-ndoell-
--- In [email protected], "Agam R." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya, punteun sateacana ieu teh, bilih ngarepotkeun milihan huruf
> milahan kata, nanging kasaha deui atuh ari lian ka dulur mah
> nyuhunkeun pitulung emutan teh.
>
> Kieu, simkuring ayeuna nembe dipaparinan karunia murangkalih,
> pameugeut, yuswa sataun langkung saminggon. Keur mejehna, keur lucu-
> lucuna, oge keur lieur-lieurna ngudag kahayangna. Tah, tilu minggon
> kapengker manehna geuring panas, saur dokter mah radang
tenggorokan,
> teras dipasihan ubat, alhamduliilah saminggon ti harita cageur.
>
> Nanging tisaprak cageur, ayeuna aya pasualan anu ngarungsingkeun
boh
> simkuring boh pun bojo nyaeta manehna hese tibra ti peuting. Mun
tas
> sare jam tujuh peuting, hudang jam sawelas, menta nyusu, reup deui,
> satengah jam benta deui, nyusu deui, reup deui, kerek ge pun bojo
> rek di salimut, goak deui .teras we kitu etateh. Kadang dugi ka
> janari. Simkuring ge jadi sami, teu tiasa tibra, komo deui pun
bojo,
> meuni calelong.
>
> Tah kukituna, Simkuring nyuhunkeun bantosan emutan ka baraya
sadaya.
> Boh ku pangalamanana,boh ku pangaweruhna. Naha kunaon eta budak,
> sabab musabab nu bisa jadi matak, sareng kedah kumaha ngubaranana.
>
> Sakali deui nyuhunkeun pitulungna. Tulung tulung.
>
> Haturnuhun,
>
> Agam__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

