MABOK PERJALANAN hiji poe Ahim naek beus. di jalan Ahim ningali hiji nini-nini mabok, siga rek utah. Ahim nyampeurkeun. Ahim, "Nini mabok nya? Lieur? hoyong utah?" Nini, "Muhun..." Ahim indit tina jok nini tapi si Nini nyalukan deui. "Cik jang, Nini hayang nempo raray ujang..." Ahim, "mangga, ni. naha kitu?" Nini, "ieu meh nini gampang utahna..."
MABOK PREMAN Dua urang preman keur mabok tengah poe ereng-erengan. Abro, "Ke..ke..Don, ari itu naon? Panon poe lain?" Ceuk Abro nanya ka Dodon bari nunjuk panon poe. Dodon ningal ka luhur, "Ah, lain Bro, eta mah bulan." Abro, "Asa lain euy! Lampu meureun,nya?" Dodon, "Bulan..." Abro, "Lampu,siah!" Dodon, "Lah aing mah, daripada parasea, urang tanya tah pamuda nu liwat. Dodon jeung Abro ngeureunkeun hiji pamuda nu liwat, nu oge keur mabok. Abro, "Cik cep, ari itu naon?" Bari nunjuk ka panonpoe. pamuda nu ditanya ngajawab, "Duka atuh nya, da kuring oge jalma anyar di lembur ieu..." mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

