kecap dasar di basa inggris nu terus make de dihareupna hartina kira2 ngurangan atawa nurunkeun atawa ngabongkar, kaci oge mareuman. siga construction, deconstruction.
mun konstruksi masyarakat geus rusak, siga korupsi tea, kudu di dekonstruksi. dikonstruksi ulang. sigana sarua jeung basa perjuangan baheula, revolusi. mistic, mistication, jadi demistification. tah sigana Ajip Rosidi teh rada lumpat ka dinya. hayang ngurangan atawa ngabongkar 'common sense' sikep US ka Prabu Siliwangi. tapi samemeh Ajip Rosidi, baraya KUSnet geus aya nu make ngaran Prabu Siliwangi dina alamat surelekna. ieu hartina, ngabongkar mitos atawa mistik PS, dipake ngaran 'jelema' biasa. konsep Prabu Siliwangi bakal datang deui, eta mah cara Ratu Adil atawa Imam Mahdi. duka nu kieu mah teu wawuh. Jepang urang toong jepang. sanajan enya, nagara jeung bangsana maju dina sagala widang, tapi ceuk si cenah, maranehna teu mopohokeun adat suradat warisan karuhun. enya, majalah porno loba, tapi da apan budayana nganut cara geisha. basa eleh PD II, salah sahiji sarat panitia PD II Jepang memeh nandatangan surat eleh, menta syarat, kaisar ulah diturunkeun tina kalungguhanana. nya disatujuan. sabab posisi kaisar estuning penting dina hirup hurip urang jepang, salaku lambang nu ngahijikeun bangsa Jepang (lambang pemersatu). sanajan aya hal nu didekonstruksi/demistikiasi: kaisar teu dianggap deui turunan dewa, tapi manusa biasa. Gus Dur kungsi nyieun gawe desakralisasi istana presiden. istana nu samemeh manehna mah kaitung angker (sakral) teu bisa unggal jelema bisa asup/datang, ku Gus Dur dibongkar, malah kungsi ngan ukur make kolor jeung kaos jero wungkul panggih jeung wartawan. loba hal memang nu bisa jadi bahan pikiran. US beda jeung UJ utamana urang jateng yogya, nu masih keneh boga puseur, nyaeta Sultan Yogja. Jabar mah teu boga. sanajan kitu, kungsi aya nu nareangan. Banten jeung Cirebon masih keneh baroga puseur. karaton atawa urut karaton atawa turunan karaton. US teh asana mah midua-ambigu. masih nganggap jeung rindu kana katokohan PS,sanajan geus ngaragem Islam. aya nu manggihan cara pikeun ngagabungkeun Islam + Sunda. mangga. agama Ibrahim ti Arab jeung budaya lokal Sunda. percaya teu percaya, beh jero mah sigana eta teh lumpat ka alam spiritual. nu sok dikojayan ku sufi (suka film :), atawa tasawuf, meureun. geus lila aya US nu hirup dina jalur eta, siga Perjalanan. eta teh ngaran kelompok 'sufi' Sunda. Nu jelas, PS jadi pameungkeut batin US, dimana bae. teu langkung bade mitos, legenda atawa sejarah. nu jentre, PS ngabagikeun 'getih gaib' pikeun sakumna US. ayeuna mah hayu teruskeun hirup masing-masing, rek sosoranganan atawa babarengan kalayan silih ajenan, boh jeung sasama US, oge seler/bangsa sejen. mun ngarasa US payah bin moyodok, nya hayu hadean, minimal kulawarga jeung dulur masing-masing. ari barisa ketang. hehe mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today! http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

