Hade, Mang!
Salian ti singket oge padet, enyaan kena mamaras pisan!
-pun adi-
*************************
On 9/8/05, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
kecap dasar di basa inggris nu terus make de dihareupna hartina kira2
ngurangan atawa nurunkeun atawa ngabongkar, kaci oge mareuman. siga
construction, deconstruction.
mun konstruksi masyarakat geus rusak, siga korupsi tea, kudu di
dekonstruksi. dikonstruksi ulang. sigana sarua jeung basa perjuangan
baheula, revolusi.
mistic, mistication, jadi demistification.
tah sigana Ajip Rosidi teh rada lumpat ka dinya. hayang ngurangan atawa
ngabongkar 'common sense' sikep US ka Prabu Siliwangi.
tapi samemeh Ajip Rosidi, baraya KUSnet geus aya nu make ngaran Prabu
Siliwangi dina alamat surelekna. ieu hartina, ngabongkar mitos atawa
mistik PS, dipake ngaran 'jelema' biasa.
konsep Prabu Siliwangi bakal datang deui, eta mah cara Ratu Adil atawa
Imam Mahdi. duka nu kieu mah teu wawuh.
Jepang
urang toong jepang. sanajan enya, nagara jeung bangsana maju dina sagala
widang, tapi ceuk si cenah, maranehna teu mopohokeun adat suradat warisan
karuhun. enya, majalah porno loba, tapi da apan budayana nganut cara
geisha.
basa eleh PD II, salah sahiji sarat panitia PD II Jepang memeh nandatangan
surat eleh, menta syarat, kaisar ulah diturunkeun tina kalungguhanana. nya
disatujuan. sabab posisi kaisar estuning penting dina hirup hurip urang
jepang, salaku lambang nu ngahijikeun bangsa Jepang (lambang pemersatu).
sanajan aya hal nu didekonstruksi/demistikiasi: kaisar teu dianggap deui
turunan dewa, tapi manusa biasa.
Gus Dur kungsi nyieun gawe desakralisasi istana presiden. istana nu
samemeh manehna mah kaitung angker (sakral) teu bisa unggal jelema bisa
asup/datang, ku Gus Dur dibongkar, malah kungsi ngan ukur make kolor
jeung kaos jero wungkul panggih jeung wartawan.
loba hal memang nu bisa jadi bahan pikiran. US beda jeung UJ utamana urang
jateng yogya, nu masih keneh boga puseur, nyaeta Sultan Yogja. Jabar mah
teu boga. sanajan kitu, kungsi aya nu nareangan. Banten jeung Cirebon
masih keneh baroga puseur. karaton atawa urut karaton atawa turunan
karaton.
US teh asana mah midua-ambigu. masih nganggap jeung rindu kana katokohan
PS,sanajan geus ngaragem Islam. aya nu manggihan cara pikeun ngagabungkeun
Islam + Sunda. mangga. agama Ibrahim ti Arab jeung budaya lokal Sunda.
percaya teu percaya, beh jero mah sigana eta teh lumpat ka alam spiritual.
nu sok dikojayan ku sufi (suka film :), atawa tasawuf, meureun. geus lila
aya US nu hirup dina jalur eta, siga Perjalanan. eta teh ngaran kelompok
'sufi' Sunda.
Nu jelas, PS jadi pameungkeut batin US, dimana bae. teu langkung bade
mitos, legenda atawa sejarah. nu jentre, PS ngabagikeun 'getih gaib'
pikeun sakumna US.
ayeuna mah hayu teruskeun hirup masing-masing, rek sosoranganan atawa
babarengan kalayan silih ajenan, boh jeung sasama US, oge seler/bangsa
sejen. mun ngarasa US payah bin moyodok, nya hayu hadean, minimal
kulawarga jeung dulur masing-masing. ari barisa ketang. hehe
mj
http://geocities.com/mangjamal
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
DonorsChoose.org helps at-risk students succeed. Fund a student project today!
http://us.click.yahoo.com/O4u7KD/FpQLAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

