Kalayan nyebat Asmana Alloh!
Haturan Baraya!
Sihapunten tipayunna, bilih dina panjangna nyugak sumawonna dina pondokna nyogok!
Nitenan paripolah, gunem-catur jeung prak-prakanna baraya babakan dina sataun ieu, kuring boga kareueus kana ugetna KUSnet. Mun teu salah ngajujutna mah, ieu teh dangingana Gotra sawala Cimalati tea (geus poho deui, naon hasil eta pasamoan teh? :P).
Ningan, hade pisan urun-pamikiran jeung gawe wadya-balad KUSnet teh, nu kainget sakuringeun mah antarana ... Digitalisasi Pustaka Sunda (RM, PS, TQBS), "Kamus On-line Basa Sunda-Indonesia-Inggris", Wikipedia Sunda, Harepan & Udagan Jabar (Sunda) 2010, Mulasarakeun Silat, nyieun Hurup Buhun Ratu Pakuan, DES, Diajar Hurup Buhun RP (ka Mang Ayat), ayeuna KRC.
Tina sakabeh eta kamonesan wadya-balad KUSnet teh, ditilik-tilik mah ningan nu ngedalkeun, ngotektak jeung lajuning-laku teh asana eta jeung eta bae!! na kamarana atuh ari baraya nu lianna?
Ieu mah sakalian we babagi panimu ... kami, Balad Poesaka Soenda (PS), dina ngokolakeun Transkripsi PS, tina sajamleh 35 Balad PS, ningan ngan 11 baraya nu aktip mah, nu lianna mah duka teh teuing kamarana, padahal mah kuring teh sokna ngingetan atawa sok nalek, contona saukur pikeun ngeusian "data-base"-na rohangan PS, tapi asa teu embol-embol acan eta jawaban panginget jeung panalek teh, boh ku jawaban enya, heunteu, engke atawa naon bae, nu penting mah ku kuring kaharti yen aranjeuna teh keur pakepuk, keur kaluar kota atawa keur teu purun-hanca.
Nu rada aheng, pangrojong Transkripsi ieu PS teh, ngan hiji pisan wanojana nu aktip, kuring mah muji!, muji soteh, kusabab ieu wanoja teh mun teu salah mah salah sahiji sekretaris dina hiji pausahaan, kapan ilaharna nu nyepeng kalungguhan sekretaris mah gawena teh loba.. tapi anjeunna mah masih mibanda kareueus keur mumusti jeung mulasarakeun kasundaanana.
Ah... eta mah, ngan saukur kaayaan nu kaalaman ku kuring bae, sugan jadi pieunteungeun kaayaan tekah polahna baraya KUSnet..... tapi sigana mah baraya nu keurna ngokolakeun garepan KUSnetnu lianna oge kirang-langkungna kitu (meureun teh teuing!!!).
Balik deui kana KRC, mairan serelekna Kang Budi (haturan!), si kuring sapanuju pisan kana pamadegan anjeunna, yen :
..."Patepungna urang KUSNET di dunya maya, jadi sigana udaganna oge leuwih raket kana ieu dunya, da lamun kudu patepung di darat mah asana loba pagedrug dina masalah waktu. Mun ningali udagan KRC usul ti akang, nu kabaca ku kuring loba pakait jeung di darat asana rada hese" ......
.... ceuk si kuring mah, ayana KRC teh hade pisan, komo mun baris bisa mawa mangpaat pikeun US, kuring insyaalloh ngadukung sakamampu sakabisa. Kukituna, meureun ideu-ideu naon bae boh eta nu bisa dilajuning-lakukeun ayeuna, isuk atawa engke, kuduna diwadahan jeung dibabagi. Nya mun kitu mah kudu aya samodel Bagian Rarancang Gawe/BRG ('Planning Unit') pikeun ngumpulkeun ideu-ideu wadya-balad KUSnet (kearifan lokal tea) sangkan urang apal nu mana jeung nepi kamana bae eta lajuna ideu-ideu teh.
Hal ieu teh perelu ayana, sangkan dina engke prak-prakanna nu daria, boh di jagat mayana kitu oge di daratna, tinggal prung bae da geus tartib mana nu kudu, keur atawa tong waka dihanca.
Mun teh geusna nitih leuwih kanu nyata pikeun ngalajuninglaku di daratna, nya perelu pisan KUSnet teh nyieun Pasukan darat (Nya sugan kahareup mah YP teh bisa ngagajih Pasukan Daratna .... kapan bisa ngurangan pangngangguran di Tatar Sunda, lin?).
Cindekna mah naon bae ideu-ideu KUSnet teh kudu di baladahan , diganyem di utahkeun sangkan asak, nu mana, jaga geto pikeun lajuning-laku nu nyata ku YP tea.
Memang ayana wadya-balad KUSnet nu paanggang ku ringkang teu kabantu ku waktu, oge dina ngokolakeun garepan/gawe bareng teh asana ngan saukur 'cap sarido jeung sasalsena'. Tapi iraha deui atuh kasempetan riung mungpulung (bae ngan saukur di jagat maya) ieu teh bisa mawa mangpaat? (kateuing isuk pageto mah masih bisa teu kuring teh muka internet?).
Lain keur urang ieu kasempetan teh sabenerna, tapi estu pipinjeuman ti anak-incu urang (jaga geto mun ieu garepan-garepan KUSnet teh hasil).
Balik deui kana 'cap sarido jeung sasalsena!
Enya!, enya na mah! tapi mun teu di barengan ku kareueus jeung tanggung jawab mah, nu karasa ku si kuring asa saliwatan bae rereongan teh, nu antukna hancaan teh nagen, gantung-hanca, gantung-iber, gantung-wawar jeung gantung-gantung lainna, nu bisa jadi kahareupna ideu-ideu jeung hancaan KUSnet teh euweuh laratanna (meureun siga titinggalan karuhun urang ge kitu, alatana???)
Tah, ayeuna mah saacana KUSnet teh mibanda Pasukan Darat nu hade... mendingan oge mangpaatkeun heula Pasukan Jagat Maya nu aya pikeun ngotektak sagalaning ideu-ideu tea. Mun teu salah mah nu masihna haneut teh, aya ideu DES tea, lin?, ceuk kuring deui, ayeuna mah tong waka tunjak-tunjuk pikeun nangtukeun kalungguhan dina eta DES, eta engke mun geus siap bener konsepna. Ayeunamah geura prung heula nu leuwih daria dina ngararancang eta DES teh. Kapan geus aya lin rohangan khususna, tapi naha diasongngan nu leuwih daria pikeun murak ieu lajuning-laku DES dina eta rohangan teh, teu sing, sugan murudul nudalaptar ka eta rohangan???
Ah! kateuing ketang!.... keur saribuk keneh meureun!! enya saribuk ku ka-era pedah rarasaan teu bisa! (handap asor?)... padahal mah urang mah siga cikaracak tea we atuh.... lila-lila oge bisa mun silih simbeuh pangaweruh mah.
... sakitu panimu teh, hapunten bae bilih rada togmol mah!
Mugya katampi ku asta kalih.
-pun adi-
*Mun bisa mah ulah KRC teuing atuh!! tapi kudu oge aya padanan dina basa sundana. Meunang KUSnet Research Center oge, tapi eta mah ngaran keur go public-na. nya mun keur saurang-urangeun mah mending oge make Puser Panalungtikan KUSnet. Sugan teh teuing!
Samudaya pupujian saestona pikeun Alloh!
********************************
---xxx
--
***********************
Bilih kagungan waktos, hayu urang ngeureuyeuh Poesaka Soenda tea.
Ramatlokana di dieu http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
Sejana ilubiung kintun bae ka [EMAIL PROTECTED]
************************
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

