geuning janari geus datang...
nya balebat ge geus kasawang...
buru-buru urang papag ku hate anu caang
alhamdulillah..
Wilujeng...
baktosna akos
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Baraya Kusnet saalam dunya,Kamari pasosore, keur umplek ngawangkong jeung dulur-dulur Kusnet*) aya kana limaanana, si kuring di kantor kasumpingan Teh Ika Mardiah, salah saurang anggota milist/Kusnet anu cepeng pancen kalungguhan di kantor Bapeda. Kasumpingan anjeunna memang henteu matak "reuwas" da satemenna anjeunna tos ngiberan ti kaangganganana keneh.Anapon anu jadi badaratna, taya lian anjeunna teh seja masrahkeun sumbangan pribadina keur YP/Kusnet, bil khusus, keur program Pabukon, mangrupa artos kontan (cash). Nya sanes lumayan deui ieu sumbangan teh, ageungna cukup keur ngadegkeun hiji pabukon anyar. Aya sajamna si kuring ngawangkong sareng anjeunna ngeunaan rupa-rupa psoalan, khususna kagiatan kabudayaan jeung ngaronjatkeun IPM di Jabar kalawan nyirian sababaraha diantarana anu bisa dilajuninglakukeun ku (gawe bareng jeung) Kusnet. Oge Teh Ika teh "mukakeun" lolongkrang keur YP/Kusnet tiasa ngengingkeun dana pembinaan lsm anu tiap taun dianggarkeun ku Pemda Jabar. Hatur nuhun Teh Ika, kalintang ageung ajenna pangrojong ti salira, boh dina tataran jejer wangkongan, sumawonten anu mangrupa artos kontan mah.Aya nasehat teh Ika anu kalintang saena, pas jeung nya didinya (kalawan ditambahan ku ngaitkeunana kana kajugalaan IT) p- ceuk si kuring mah-postioning YP/Kusnet, nyaeta : atikan. Saur Teh Ika, Pemda Jabar ayeuna keur museurkeun sagala resource jeung mitra-mitrana (swasta, lsm, masyarakat) keur ngaornjatkeun atikan. Kukitun, taya lepatna upama salah sahiji misi (anu tangtu tangkal anu mayunganana aya dina kalimah visi) kudu ngotretkeun perkara udagan implementasi IT keur dunya atikan, diantarana pikeun ngaronjatkeun IPM Jabar widang atikan tea (melek huruf). Ieu oge luyu jeung eusining forward posting ti Kang Tirta ngeunaan kajugalaan Irlandia jeung nagara2 Eropa pasisian ayeuna alatan samemehna merhatikeun heula dunya atikan.Ba'da sholat magrib, gura-giru si kuring nga-sms MJ, Ua Sas, Kang Mgt jeung Bah Wily, ngeunaan ieu sumbangan teh Teh Ika oge-anu leuwih penting deui-eusining wangkongan tea. Malah ka MJ jeung Ua Sas mah ditumbu ku tatalipungan (teteleponan) sagala. Kang Mgt mah ukur sms-an jalaran anjeunna nuju di pesantren Al Wasilah Garut, nuju ngabantosan Kang Ajengan Thontowi anu keur gaduh hajatan ngayakeun "Daurah" (pendalaman) Tingkat Nasional dina jejer "Pembangunan Keulamaan dan Pondok Pesantren" (Kang Mgt sareng abdi Insya Alloh ngabantosan Kang Ajengan nyusun laporan/proceeding eta daurah, boh anu harian atawa anu final).Eusi wangkongan jeung MJ lan Ua Sas oge kalintang munelna. Sababaraha kagiatan di darat jeung dulur-dulur urang anu di Bogor, Jakarta, oge Kopdar anu akhir ku si kuring didongengkeun. Malah Ua Sas oge ngasongkeun rencana pajemuhan keur ngayakeun kagiatan anu kawilang badag anu munggaran nyarengan "lounching" YP/Kusnet engke pikahareupeun. Anu sarupa kitu teh luyu oge jeung wangkongan samemehna, pasosore, antara si kuring, Kang Mh, Kang Tirta, Kang Eko, Alo Runa, Kang Akos, Indung Peuting, jeung rea-rea deui.Kacindekan tina sadaya wangkongan-wangkongan teh Insya Alloh naon perkara anu mindeng disebut-sebut salaku "revitalisasi" YP/Kusnet baris gancang kalaksanakeun. YP moal lila deui baris katempo aktivitas sapopoena ngaliwatan hirupna sekertariat oge tumuwuhna divisi-divisi (atawa holding Yayasan ceuk Kang Tirta tea mah) anu gawena masing-masing dirancang rada mandiri. Keur dewan usaha, sakumaha usulan Kang Ganjar jeung anu lianna, dirarancang leupas bae ti Yayasan, dina harti organisasina (sacara formal) henteu aya disahandapeun YP/Kusnet. Kitu kacindekan sawatara ieu. Rincian rancang wangung badan jeung program pikahareupeun ayeuna keur dirarancang ku Kang Tirta, Kang Mgt, jeung Kang Tantan oge si kuring (anu ukur noongan :)) mun arek disebut-sebut mah, disagigireun tangtuna oge MJ, Ua Sas sareng Bah Wily..Ka Tim PS, bil khusus kanggo alo Rudy-pituin-oge ka MH,Wayahna heula nya bisi garapan PS karasana akhir-akhir ieu kaluli-luli mah. Ieu dulur-dulur keur bebenah panarima pancen manjangkeun anu sakuduna dipanjangkeun ti YP/Kusnet. Moal lila Insya Alloh urang digarawe soson-soson neruskeun garapan-garapan tea kalawanb daria.Cag sakieu bae heula minangka ilubiung dina padungdengan wangunan YP/Kusnet, Koperasi katut DES nanahaon rupa-rupa garapan anu pamustunganana mah-sadayana Insya Alloh-sararae.Baktos,manARNB:*) lamun si kuring nyebut-nyebut ngawangkong jeung dulur Kusnet eta haritan ngawangkong via chatting, boh paduduan atawa conferense. Sakumaha "papagon" ti alo Runa, ayeuna chatting antara anggota Kusnet rek dihaeutkeun, komo chatting antara anggota2 anu lalagasan mah (heheheh, boa geus mariheulaan nya, sok lah teruskeun, tinimbang papanggih di konser dangdut atawa cafe dugem mah leuwih hade patepung di dunya maya di cafe Kusnet)..
Apakah Anda Yahoo!?
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

