Kang Rachmat oge baraya sadaya, rupina spiritna mesek ngeunaan PS teh panginten rek nempatkeun anjeuna ka tempat nu sae, sakumaha diajena raja-raja nu sanesna ulah nepi ka jadi palumpatan atawa pipinding kalemahan urang. Jurus nyingcet ieu panginten nu katewak ku AR nu ngamatakeun US melekbek  mentalna nu ngabalukarkeun ngabelekbek dina prestasi. Saha atuh nu "ditembak" AR teh? Duka atuh persisna, kedah ditaros ka AR, ngan ceuk ragapan kuring ieu teh ditujukeun ka US utamana tokoh sunda nu "jumud", teu jadi pamingpin, leader, kana paubahan kanu leuwih hade. Teu wani nyanghareupan kanyataan, kalemahan sajarah, malah lumpat nyalindung ka PS. Pami ngabandungan artikel-artikel di PR, asana pamendak kieu teh sering diguar ku AR oge ku Pa Herman Y Ibrahim oge Pa Cece Padmadinata, intina mah ulah teuing loba nostalgia, gawe sing baleg ayeuna teh loba pagaweeun, eta nu nangtukeun US & TS kahareup. 
 
Jadi kumaha atuh posisi PS teh? Ari keur kuring mah PS teh rek dimulyakeun jadi salah saurang picontoeun/benchmark lamun jadi pamingpin. Dina lamunan imajinasi kuring, kuring ulah ngadagoan anjeuna datang, gawe we sing alus da gawe eta nu jadi jalan panggih jeung anjeuna. Cocok pan jeung pesen anjeuna: Jig geura narindak tapi ulah ngalieuk ka tukang!
 
salam
jalak pakuan
 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ari kuring mah ningali  perkara Prabu Siliwangi ini
tina sudut pandang elmu Komunikasi.

Faktor naon hiji hal jadi nancep kana ati, tuluy jadi
hiji anggapan di kalangan masyarakat? Contona siga
Kaisar Jepang anu dianggap ku bangsa Jepang katurunan
Dewa Matahari?
atawa Bangsa Jerman samemeh perang dunya
kadua,nganggap sabage katurunan bangsa Aria, anu "Uber
Alles" tea?
Hiji konsep anu memang dihaja dijieun, dikemas jeung
di "suntikkeun" ka masyarakat jadi hiji kayakinan,
pikeun ngagedurkeun sumanget masyarakatna. Bisa jadi
aspek positif atawa negatif gumantung tina sudut
pandang mana urang ningalina.
Tapi anu jelas mah, konsep anu rek di "suntikkeun" ka
masyarakat pastina oge diolah jeung digarap ku ahli
komunikasi, anu mibanda pangaweruh hal-hal anu aya
pakaitna  jeung masyarakatna.

Siga ayeuna (ceuk emutan sim kuring), masih teu acan
jelas, raja Sunda anu mana jeuing taun sabaraha anu
boga gelar Prabu Siliwangi teh. Lamun ieu diperjelas,
atuh  bakal ngabalukarkeun "leungitna" kasakralan
harti Siliwangi.
Contoh nu anyar (punten bilih aya nu kasigeung, ieu
teh hasil panalungtikan hiji disertasi), di kalangan
para pamingpin Islam di Indonesia, kanggo nguatkeun
yen manehna teh pamingpin Islam, sok ngahaja aya
carita kaahengan pamingpin eta.Contona di kalangan
pamingpin sufi atanapi aliran tarekat, salian ti
carita masih aya runtuyan katurunan ti para pamingpin
Islam "pendahulunya", biasana oge sok aya carita,
"pernah ketemu dengan Nabi Muhammad SAW, dalam mimpi",
anu hese dibuktikeunana bener heunteuna.

Naon hubunganana sareng desakraliasi?
Pan biasana ari anu sifatna mistik teh aya "bau-bau'
sakral. Kasakralan ieu oge aya di kalangan masyarakat.
Contona, lauk cai sagede orok nu aya di pamandian
Cibulan, Kuningan nepi ka ayeuna teu aya masyarakat
anu ngagunasika, sabab dipercaya eta lauk teh sakral,
"pamali" ulah  ditewak atawa diala bisi sok aya
matakna, kitu ceuk kolot baheula.
Tapi saur Kang Yan Sastranegara  waktos Kopdar pendak
di Bumi teh Imas, mah justru kasakralan ieu anu
ngabalukarkeun urang Sunda teu maju. Pan kolot baheula
mah sok ngalarang ku kecap "pamali" tea. Mun geus
kaluar kecap pamali, ahirna jadi mandeg.
Saur Kang Yan oge kang Tirta (dina salah sahiji
obrolan sareng kuring), jaman kamajuan siga ayeuna
sagala tindakan kedah aya dasar argumen anu jelas, anu
tiasa diterima sacara logika. Kecap pamali,
ngamandulkeun "kreatifitas", beda jeung bangsa Barat,
sagala hal diulik nepi ka tuntas, kalayan aya dasar
logikana.

Kasus lauk "orok" di Cibulan, sigana wae kolot jaman
baheula teu tiasa ngajentrekeun anu ditarima sacara
logika. Mun ayeuna mah meureuna dasar larangan pamali
ngala lauk orok di Cibulan teh siga kieu yeuh. Eta
pamandian cibulan teh, caina tina cinyusu anu aya di
kabuyutan cibulan. Salian ti lauk orok, didinya teh
aya deui lauk-lauk langka sejenna, anu biasa ngariung
dina sumber cinyusu. Eta wewengkon Cibulan teh
sabudeureunana estu masih ariuh ku tatangkalan anu
umurna geus kawilang kolot. Lamun usum halodo, eta
wewengkon teh teu kakurangan cai. Ku ayana pamandian
Cibulan, masyarakat didinya kabantu dina panghasilan
sapopoena, sabab rame di jugjug ku para palancong.
Dasar logika siga kieu meureunan anu ku kolot baheula
cukup disimpulkeun ku hiji istilah "pamali".

jadi ngacu kana judul tulisan di luhur, sigana hartos
mistifikasi jeung sakralisasi ayeuna, kedah aya dasar
argumen anu jelas, pikeun kamaslahatan masarakat.


baktos,

mrachmatrawyani


-- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> kecap dasar di basa inggris nu terus make de
> dihareupna hartina kira2
> ngurangan atawa nurunkeun atawa ngabongkar, kaci oge
> mareuman. siga
> construction, deconstruction.


Click here to donate to the Hurricane Katrina relief effort.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke