kang, perkawis budak angon jeung munding pikeun cara ngalambangkeun pamingpin US jeung rahayat US naha nya asa bau-bau (nyoko atawa ngaharib-harib) cara Injil/ Kristen nu make istilah gembala jeung domba (nu sesat).
rada curigation yen eta kitu teh beunang jieunan (polah) misionaris walanda baheula (zending) nu diantara teh Coolsma nu loba nulis soal Sunda, malah jadi salah sapuluh sumber sajarah. bisa jadi manehna ngarang make bau-bau uga atawa sabangsana. mun noong kabaheula, sakapendak si kuring, US teh tukang ngahuma, hirupna ngebon. asa teu kacaritakeun US (atawa si kuring wungkul nu can manggih) US baheula boga tradisi ngangon munding kitu nepi ka aya istilah budak angon jeung munding. siga urang Arab nu memang gaduh tradisi tukang ngangon. munding sok dipake ngagaru di sawah. sigana saatos US boga tradisi nyawah. asa beh dieu -cenah mah sanggeus TS di kuasa Mataram. atawa memang enya, asli pamanggih karuhun/kolot urang atawa boa-boa beunang Coolsma atawa malah Snock Hugronje... ah ieu mah ngan pamanggih/pendapat/opini make jurus skeptis nu sehat.(healthy sceptical opinion) nu jelas mah, pikeun sasoranganeun, salaku US koboy kelas C (ceuleupeung), sanajan silib atawa paribasa, teu rido dianggap munding. sanajan siga basa inggris dina wanda ING-form. haha --- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Aya alusna atawa > budak angon anu alus -meureunan-salian ti mere pecut > teh oge nuduhkeun > jalanna...kamana kuduna "munding-munding" anu > diangon leumpang muru > tujuanana. Sigana, pangersa Pa Ajip dina hiji waktu > baris nuduhkeun ieu > jalan anu dimaksud. Mudah-mudahan bae. > baktos, > manAR > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help tsunami villages rebuild at GlobalGiving. The real work starts now. http://us.click.yahoo.com/T8WM1C/KbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

